STRATÉGI MEGA PROYÉK ÉVANGELISASI DI INDONÉSIA

736

FAKTA nuduhkeun umat Islam di Indonésia, nyaéta mayoritas. Malahan, Indonésia ngarupakeun nagara kalawan jumlah penduduk muslim terbesar di dunia. Tapi ulah waka reueus heula. Enya umat Islam Indonésia mayoritas jeung pangedéna jumlahna, tapi statistik ngabuktikeun angka pertumbuhan umat Islam Indonésia éléh dibandingkeun jeung pemeluk Karésten. Sababna nyaéta upaya Kristenisasi anu massif di ieu nagri.

Ketua Umum Majelis Ulama Indonésia (MUI) Pusat Din Syamsuddin dina bulan April 2014 némbongkeun angka statistik pertumbuhan umat Islam Indonésia. Dina sénsus penduduk 1990 jumlah umat Islam nepika 87.6 persén. Ieu angka terus ngaronjat jadi 88.2 persén dina sénsus penduduk 2000. Anu mrihatinkeun saur Din, angka pertumbuhan taunan umat Islam ngan 1.2 persén, sawatara Kristen dua kali lipetna nyaéta 2.4 persén per taun.

Lamun diturunkeun deui ka tingkat provinsi bakal leuwih prihatin deui. Din ngutip data saurang penulis Léo Suryadinata anu nyebutkeun angka pertumbuhan Kristen pangedéna nyaéta di Provinsi Kepulauan Riau anu nepika 8 persén per taun. Di sahandapeunana, aya tilu Provinsi anu angka pertumbuhan Kristenna nepika 7 persén, nyaéta Sumatera Barat, Jawa Barat jeung Daérah Istiméwa Yogjakarta (DIY).

Dina taun 80-an penduduk Muslim di Indonésia masih leuwih ti 90 %, mangka dina taun 2000 populasi muslim turun ka angka 88.2 % jeung taun 2010 turun deui jadi 85.1 %. Di Indonésia pertumbuhan agama Islam justru turun drastis saperti di handap ieu:

  1. Dumasar hasil risét Yayasan Al-Atsar Al-Islam (Magelang), ti mimiti taun 1999-2000 Kristen jeung Khatolik di Jateng geus ngaronjat ti 1-5 % di awal taun 1990, ayeuna naék drastis jadi 20-25 % tina total jumlah penduduk Indoné
  2. Tina laporan Risét Departemén Dokuméntasi jeung Penerangan Majelis Agama Wali Geréja Indonésia, ti taun 1980-an unggal taunna laju pertumbuhan umat Khatolik 4,6%, Protéstan 4,5%, Hindu 3.3%, Budha 3,1% jeung Islam ngan 2.75%.
  3. Dina buku Geréja jeung Réformasi penerbit Yakoma PGI (1999) ku Pendéta Yewanggoe, dijelaskeun jumlah umat Kristiani di Indonésia (tina Risét) geus jumlahna leuwih 20%. Sedengkeun nurutkeun data Global Évangelization Movement geus nyatet pertumbuhan umat Kristen di Indonésia geus nepi angka 40.000.000 jalma (19% tina total 210 jumlah penduduk Indonésia).
  4. BPS (Badan Pusat Statistik) Indonésia ngalaporkeun penurunan jumlah umat Islam di Indoné Contona di Sulawesi Tenggara turun jadi 1.88% (dina kurun waktu 10 taun). Nyakitu deui di Jawa Tengah, NTT jeung Wilayah Indonésia séjénna).
  5. Dina Kiblat Garut 26 Juni 2012, Menteri Agama RI harita Suryadharma Ali nyebutkeun, ti taun ka taun jumlah umat Islam di Indonésia terus ngalaman penurunan. Padahal di sisi séjén, jumlah penduduk Indonésia terus nambahan. Awalna jumlah umat Islam di Indonésia nepika 95 persé Saeutik-saeutik terus ngurangan jadi 92 persén, turun deui jadi 90 persén, terus jadi 87 persén sarta kiwari anjlok jadi 85 persén.
  6. Numutkeun data Mercy Mission, saloba 2 juta Muslim Indonésia murtad jeung ngagem agama Kristen unggal taun. Lamun ieu terus lumangsung, diperkirakeun dina taun 2035, jumlah umat Kristen Indonésia sarua jeung jumlah umat muslim. Dina éta taun Indonésia moal deui disebut minangka nagara kalayan penduduk mayoritas muslim.

Lian ti ngaronjatna jumlah pemeluk Kristen, perkembangan jumlah geréja di Indonesia ogé ngaronjat. Dumasar laporan Kementerian Agama RI yén ti taun 1974 nepika 2004, jumlah geréja di Indonésia naék nepika 231 %. Ditambah deui marakna jumlah geréja liar, saperti anu kajadian di Kabupatén jeung Kota Bekasi anu nepika 224 lokasi. Di Perumahan Taman Galaxi RT 05 RW 17 aya 7 geréja permanén, tapi ngan hiji anu ngurus IMB (Ijin Mendirikan Bangunan).

Data ti Badan Pusat Statistik (BPS) dina 2008 ngungkapkeun, yén Kristen ngabogaan 47.106 geréja sa-Indonesia. Persebaran geréja Kristen di sapuluh daérah terbesar nyaéta Sumatra Utara (11.158 geréja), Papua (4.648 geréja), Sulawesi Utara (4.247 geréja), NTT (3.974 geréja) jeung Jawa Tengah (2.519 geréja), sawatara DKI Jakarta aya 555 geréja. Lima daérah séjénna nyaéta Kalimantan Barat (2.351 geréja), Sulawesi Selatan (2.302 geréja), Jawa Timur (1.947 geréja), Sulawesi Tengah (1.833 geréja) jeung Kalimantan Tengah (1.487 geréja).

Maké pirang-pirang cara, umat Kristen ngusahakeun ngamurtadkeun umat Islam ti masa kolonialisme Barat nepika kiwari. Dina mangsa colonial, Pamaréntah Hindia Belanda anu Kristen boga sikep ati-ati kana Kristenisasi. Tapi sanggeus Indonésia merdéka, Pamaréntah RI anu kalolobaan pejabatna Muslim malah condong ngantep kana gerakan Kristenisasi, leuwih-leuwih pasca réformasi.

bd

Modus-Modus Kristenisasi.

D.W. Ellis nganyatakeun yén kawajiban ngabarkeun Injil nyaéta tanggung-jawab satiap urang Kristen anu geus narima Kristus jadi Tuhan jeung Juru Selamatna. Ceuk inyana, unggal jalma wajib ngabarkeun Injil sasuai jeung kamampuan jeung karunia-karunia nu dianugerahkeun Roh Kudus ka manéhna.

Dumsar hal ieu, urang Kristen anu teu ngalakukeun Kristenisasi hartina geus hianat ka Tuhan maranéhna. Kusabab kitu, Kristenisasi bakal salilana muncul salila masih aya urang Kristen jeung jadi problém pikeun bangsa anu bakal dikristenkeun, kaasup umat Islam.

Di handap ieu sababaraha modus Kristenisasi anu kajadian pasca réformasi.

Ngawangun Geréja Ilegal.

Keberadaan geréja pikeun urang Kristen lain ngan berfungsi pikeun tempat ritual Kristen. Geréja teu sakadar dipandang minangka hiji bangunan. J. Darminta, S.J. nyebutkeun yén dina dasarna Geréja dibentuk pikeun ngalaksanakeun misi ti Yésus Kristus, nyaéta pikeun évangelisasi.

Keberadaan Geréja pikeun évangelisasi ieu nyaéta saperti anu dipesankeun ku Yésus Kristus dina ahir Injil Matius, “Kepada-Ku telah diberikan segala kuasa di Sorga dan di Bumi. Karena itu pergilah, jadikanlah semua bangsa murid-Ku dan baptislah mereka dalam nama Bapa dan Anak dan Roh Kudus, dan ajarlah mereka melakukan segala sesuatu yang telah Kuperintahkan kepadamu. Dan ketahuilah, Aku menyertai kamu senantiasa sampai kepada akhir zaman”. (Mat 28: 18-20).

Ceuk manéhna, anu hakiki jeung unsur utama évangelisasi nyaéta pewartaan Yésus Kristus minangka Penyelamat jeung ngabentuk komunitas para murid Yesus. J. Darminta nandeskeun yén évangelisasi sungguh ngarupakeun tantangan utama Geréja anu ngadongsok di Indonésia. Évangelisasi ogé jadi tantangan pikeun maranéhna anu jadi bagéan hirup jeung kasucian Geréja, nyaéta Tarékat réligious.

Pangwangunan jeung pembentukan geréja ogé ngabogaan tujuan pikeun nyebarkeun agama Kristen. Pangwangunan jeung pembentukan geréja bakal jadi masalah lamun dilakukeun di tengah-tengah masyarakat anu mayoritas beragama Islam. Kusabab éta pisan, dina taun 1969 dikaluarkeun SKB (Surat Keputusan Bersama) Menteri Agama dan Menteri Dalam Negeri No. 01/BER/MDN-MAG/1969 anu diantarana nganyatakeun yén satiap pendirian rumah ibadat perlu meunang ijin ti Kepala Daérah atawa pejabat Pemerintah di handapna.

Peraturan ieu diperbarui dina 2006 ku dikaluarkeunana Peraturan Bersama Menteri Agama dan Menteri Dalam Negeri No. 9 εt 8/2006. Ku pihak Kristen, ieu peraturan dianggap ngarugikeun maranéhna. Dina loba kasus, maranéhna ogé teu merdulikeun ieu peraturan.

Loba geréja didirikeun atawa kakara rék didirikeun dina éra réformasi kalayan teu merhatikeun peraturan tadi, malahan dilakukeun ku cara manipulasi. Misalna waé, pihak Katholik boga rencana ngadegkeun gereja di Kampung Kramat, Kelurahan Sétu, Kecamatan Cipayung, Jakarta Timur ku cara nyogok ka warga. Aksi ieu nyaris memicu konflik antar warga dina Idul Fithri 1426 H (Nopémber 2005).

Pihak Katholik ngondang warga pikeun nandatangan surat pernyataan teu keberatan kana pendirian geréja Katholik di RW 04 Kampung Kramat jeung ngumpulkeun fotocopy KTP jeung KK. Minangka imbalanna, warga anu kalolobanana berpendidikan rendah jeung teu apaleun naon eusi éta surat dibéré dana kompénsasi sajuta rupiah ku jalma anu ngaku ngaranna Tarmizi. Husus pikeun ketua RT, saperti pangakuan Amir ketua RT 01, ditawaran duit 20 juta rupiah. Padahal 99% warga Kampung Kramat agamana Islam.

Pertengahan tahun 2005 jadi catetan hitam keberadaan geréja-geréja liar. Di Jawa Barat, puluhan rumah anu disalahfungsikeun jadi geréja liar ditertibkeun ku warga satempat. Umumna, éta geréja liar aya di perkampungan anu mayoritas Muslim. Misalna, dina14 April 2005, masyarakat Bandung anu ngagabung dina Aliansi Gerakan Anti Pemurtadan (AGAP) ngadonghok Geréja Kristen Pasundan (GKP) di Jl. Kebon Jati pikeun meredih dieureunkeunana kagiatan penyebaran agama Kristen di pemukiman Muslim jeung penertiban geréja-geréja liar.

Dina 8 Méi 2005, masyarakat Lémbang Bandung meredih pejabat pimpinan HKBP (Huria Kristen Batak Protéstan) “Persiapan Lembang” di Jl. Jayagiri 26 Lémbang pikeun malikkeun deui fungsi garasi anu dijadikeun sarana kebaktian.

Dina 21 Mei 2005, masyarakat bareng jeung AGAP nutup tur ngaratakeun geréja ilégal di Ciséwu, Garut, kalayan ijin ti Gereéja Kristen Pasundan Bandung luyu kasepakatan anu dijieun dina21 April 2005. Geréja liar ieu salila ieu dijadikeun tempat pemurtadan Muslim Garut.

Bekasi jadi ladang subur pikeun geréja liar. Loba geréja ilégal sumebar di pirang-pirang perumahan, rumah kontrakan, ruko, mall, jeung hotél. Numutkeun Ketua Forum Kerukunan Umat Beragama (FKUB) Kota Bekasi, Ustadz Bardruzzaman Busyairi, jumlah geréja liar di kabupatén jeung kota Bekasi mencapai 224 lokasi.

Sawatara éta, umat Islam anu cenah mayoritas (sekitar 80 %) tina sakabéh jumlah penduduk Indonésia, tina sumber data anu sarua ngan ngabogaan 243.091 masjid di sakabéh Indonésia. Hartina, jumlah geréja anu terdaftar di sakabéh Indonésia nepi sekitar 25% dibanding masjid. Jumlah ieu dipastikeun ngabengkak lamun ditambahan jeung geréja liar di sakuliah Indonésia. Pertanyaanna, tina hasil sénsus BPS 2010 ieu, naha jumlah geréja ogé bakal kaérék naék deui?

Sapuluh propinsi anu ngabogaan jumlah masjid panglobana sa-Indonésia nyaéta Jawa Barat (53.019 masjid), Jawa Tengah (41.340 masjid), Jawa Timur (39.130 masjid), Sulawesi Selatan (11.043 masjid) jeung Lampung (10.505 masjid). Lima séjénna nyaéta Banten (8.313 masjid), Sumatera Selatan (7.570 masjid), DIY (6.625 masjid), Riau (5.718 masjid), jeung NTB (5.203 masjid), sawatara DKI Jakarta ngabogaan 3.037 masjid.

 

Kristenisasi Ngaliwatan pendidikan.

Kristenisasi ngaliwatan pendidikan dilakukeun ku sagala cara, umpamana méré bantuan biaya sakola jeung béasiswa, maké kedok kampanye anti-narkoba di kalangan pelajar, jeung ngawajibkeun siswa Muslim sangkan miluan pendidikan agama Kristen. Para pelajar jeung mahasiswa ogé jadi sasaran para misionaris.

Dina pertengahan Maret 2001, kelompok misionaris anu ngaranna Lembaga Pelayanan Mahasiswa Indonésia (LPMI) ngabagi-bagikeun pakét gratis ka para pelajar di Surakarta anu eusina hiji kasét ngeunaan kisah Yésus nurutkeun Injil Lukas bari nutup kampanye anti-narkoba bertajuk “Say No Drugs!” dan kiat belajar éféktif. Dina éta pakét ogé aya obat-obatan jeung permén produksi hiji perusahaan obat jeung permén terkemuka. Loba siswa-siswi SMA Negeri 1, 2, jeung 3 Surakarta anu narima éta pakét.

Di kampung Kamasan di kawasan Anyer Propinsi Banten, gerakan Kristenisasi ngadompléng Kementrian Pemberdayaan Perempuan kalawan maké kedok bantuan jeung misi pendidikan. Dina Maret 2004, instansi ieu ngalakukeun Bakti Sosial mangrupa pembagian buku jeung alat tulis. Bahan-bahan bacaan agama Kristen anu ngalimpudan Injil dinavérsi komik, buku mewarnai bergambar geréja, jeung alat-alat séjénna anu bersimbol salib memenuhi pakét bantuan. Padahal pakét bantuan ieu disebar ka sababaraha sakola dasar, malahan ka madrasah-madrasah anu sumebar di pelosok-pelosok kecamatan Anyer.

Kristenisasi Ngaliwatan Bantuan jeung Kegiatan Sosial.

Bencana jeung kasusah anu tumiba ka umat Islam jadi kasempetan emas pikeun pihak Kristen keur ngalakukeun Kristenisasi. Maranehna nawarkeun bantuan, namung buntutna pemurtadan. Loba kasus Kristenisasi ngaliwatan bantuan jeung kegiatan sosial saperti, nalika kajadian bencana jeung gempa bumi di Acéh dina Desémber 2004, loba misionaris Kristen datang jadi rélawan mawa bantuan sosial sakaligus ngalakukeun pemurtadan. Scott Binner, misalna, saurang pastur warganegara Amérika nyaritakeun keberhasilan para misionaris di Acéh pasca tsunami. Ceuk manéhna, aya sekitar 300 anak asli Acéh anu dina Pebruari 2005 geus aya di hiji sakola Katholik di Médan, Sumatera Utara. Di sakola anu teu disebutkeun ngaranna, Binnet nyebutkeun, 300 anak asli Acéh bakal dirawat, diobatan jeung engké disakolakeun.

Kasus Kristenisasi ngaliwatan bantuan jeung kegiatan sosial ogé kajadian nalika gempa bumi nerpa Yogyakarta dinaJuni 2006, terus Padang dina Oktober 2009. Nyakitu deui nalika Gunung Merapi bitu dina Nopémber 2010. Loba pengungsi anu jadi korban pemurtadan, utamana maranéhna anu ngungsi ka geréja-geréja.

Kristenisasi Ngaliwatan Pulitik.

Pihak Kristen ngupayakeun ngawasa politik Indonésia pikeun ngalemahkan pangaruh Islam jeung ngawujudkeun ieu nagri minangka “Kerajaan Allah”. Hal ieu dilakukeun ti mimiti Indonésia merdéka nepika pasca réformasi. Puncak kaberhasilan maranéhna nyaéta nalika Ahok dilantik sacara resmi jadi Gubernur DKI Jakarta ngagantikeun Jokowi anu kapilih jadi Présidén. Malahan Ahok rék nyalonkeun deui jadi Gubernur anu ngadua-kalian.

Dina taun 2003, kalangan Kristen nurunkeun rébuan massa nolak disahkeunana Rancangan Undang-Undang Sistem Pendidikan Nasional (RUU Sisdiknas) jadi UU di DPR. Undang-Undang ieu ngawajibkeun sakola sangkan ngajarkeun agama luyu jeung agama anak didikna. Maranéhna ogé ngaboncéng Fraksi PDIP ngaboikot Rapat Paripurna DPR.

Di daérah anu dikawasa ku mayoritas Kristen, saperti di Manokwari Papua, pihak Kristen ngalakukeun tindakan diskriminatif ka umat Islam. Saperti kasus Tolikara dimana urang Kristen geus wani ngaduruk Masjid tur ngalarang umat Islam ngarayakeun Idul Fithri. Nyakitu deui ngaliwatan DPRD anu geus dikawasa maranéhna bantuan pamaréntah pikeun pangwangunan tempat ibadah ampir 70% dialokasikeun pikeun pembangunan geréja, sedengkeun pikeun masjid jeung peribadatan umat séjénna paling gedé 30%. Malahan sababaraha kabupatén geus dijadikeun kota injil.

Kristenisasi Ngaliwatan Dunia Hiburan.

Kristenisasi ngaliwatan dunia hiburan dilakukeun ku rupa-rupa cara. Misalna, ngamén ku lagu-lagu geréja dina bis kota, nyusupkeun vidéo klip anu eusina propaganda ngeunaan Yésus dina VCD bajakan lagu-lagu Islami Haddad Alwi jeung pakét wisata saperti anu kajadian di Garut dina awal Januari 2009. Saloba 34 urang ti Kecamatan Kadungora jeung saurang ti Kecamatan Lélés dibaptis dina acara wisata ka Pangandaran. Nalika geus nepi ka Pangandaran, maranéhna dibawa kahiji gereja dina kaayaan lapar tur dipaska nandatangan surat pernyataan kasiapan pembaptisan. Sanggeus surat éta ditandangan, maranéhna dimandian terus dibaptis.

Ngalélécé Islam jeung Manipulasi Ayat Al-Quran jeung Al-Hadits.

Tujuan modus ieu nyaéta pikeun ngaruksak citra Islam jeung ngaragukeun umat kana bebeneran ajaranna. Ti saprak réformasi digulirkeun, loba urang Kristen wani ngalélécé Islam kalawan terang-terangan. Dina pertengahan 1999, sababaraha brosur jeung buletin Dakwah Ukhuwah terbitan Nehemia Centre sumebar di kalangan masyarakat Muslim.

Di antara judul brosur éta: Saha ari Allah téh, Ngabina Kerukunan Hidup Umat Beragama, jeung Rahasia Jalan ka Surga. Aya ogé anu bentukna buku leutik, saperti Upacara Ibadah Haji, Ayat-Ayat Al-Qur’an anu nyalametkeun, Isa Alaihisalam dina Pandangan Islam, jeung Riwayat Singkat Pusaka Peninggalan Nabi Muhammad Shallallahu ‘alaihi wa Sallam.

Buku-buku tadi dikarang ku jalma anu sarua, nyaéta Drs. Poernomo Winangun alias H. Amos, tanpa penerbit. Buletin, brosur atawa buku-buku leutik loba ngutip ayat Al-Qur’an jeung Al-Hadits, ngan eusina nyerang Islam. Buku Riwayat Singkat Pusaka Peninggalan Nabi Muhammad Shallallahu ‘alaihi wa Sallam, misalna, nyebut Siti Khadijah minangka pemeluk Kristen anu kacida patuh tur paham bahasa Arab. Manéhna nerjemahkeun Kitab Injil tina Bahasa Ibrani ka Bahasa Arab (hlm 11).

Ngaklaim Sababaraha Tokoh Islam Asup Kristen.

Pikeun ngaragukeun umat kana Islam, pihak Kristen mitnah sababaraha tokoh Islam geus asup Kristen. Saurang pendéta anu umaku ngaranna Mohammad Filémon dina 2003 rajin méré ceramah kesaksian anu cukup spéktakulér. Manéhna umaku geus ngabaptis KH Zaenuddin MZ. Ceramah kesaksian éta direkam dina VCD tur dijual di geréja. Sataun sanggeusna, giliran pelawak Muslim asal Sunda, Kang Ibing, anu difitnah geus dibaptis asup Kristen. Dina acara Diklat Antisipasi Pemurtadan di Masjid Al-Fajr Buah Batu Bandung dina 26 Desémber 2004, Kang Ibing nolak éta tuduhan.

Ngarékayasa Aliran Sesat.

Pihak Kristen turut berperan dina ngamunculkeun aliran sasar pikeun malingkeun umat tina ajaran Islam anu bener. Dina Juni 2005, Robert Paul Walean, rohaniawan Advént, ngaramékeun média kalayan ide agama Islam hanif. Agama anyar anu nyatut ngaran Islam ieu jelas lain Islam, tapi doktrin Advént anu dibéré label Islam bari nyomotan ayat-ayat Al-Qur’an sacara sarampangan nepika ngandung loba kasalahan. Upaya Robert Paul Walean teu eureun nepika dinya. Manéhna terus ngadukung Ahmad Moshaddeq sangkan tampil jadi rasul kalayan ajaran Al-Qiyadah Al-Islamiyah.

Dina 17 Méi 2007, diayakeun pangajian antara Robert Paul Walean jeung Ahmad Moshaddeq. Dina pertemuan anu disaksian ku para pengikut Al-Qiyadah anu umaku minangka Hawariyyin ieu, Robert méré ceramah anu judulna “Firman Allah dalam Diménsi Sejarah”. Dina ceramahna, Robert nandeskeun jeung ngabenerkeun kerasulan Moshaddeq luyu tanda-tanda nu aya dina Alkitab (Bibel). Polda Jawa Timur ahirna néwak Moshaddeq jeung anggota Al-Qiyadah Al-Islamiyah. Dina prosés penangkapan tadi, aparat kepolisian manggihan Bibel jeung buku pegangan anu ngutip ayat Bibel.

Memacari, Memperkosa, Menghamili, terus Memurtadkan (Modus Sandi Air Mata 4M).

Korban Kristenisasi kalayan modus saperti kieu nyaéta para remaja Muslimah. Dina ahir 1998, umat Islam Indonésia digemparkeun ku kasus penculikan jeung pemurtadan saurang siswi Madrasah Aliyah Negeri (MAN) 2 Gunung Pangilun Padang Sumatera Barat anu ngaranna Khairiyah Eniswah (Wawah). Awalna tina perkenalanna jeung saurang gadis Protéstan berjilbab anu pinter bahasa Arab jeung Inggris, Wawah saterusna jadi targét Kristenisasi jaringan Geréja Kristen Protéstan Indonésia Barat (GPIB). Inyana diculik, terus dibaptis, diperkosa, tur dilarikeun ka Malang Jawa Timur pikeun ngaleungitkeun jejakna tina upaya pencarian kulawargana.

Kasus sarupa ogé kajadian di tempat séjén. Majalah Sabili édisi Méi 2000 nampilkeun berita ngeunaan Kristenisasi ku modus kieu. Di Jakarta Timur, saurang Muslimah asal Sukabumi jadi korban pemurtadan nepika diperdaya nikah di geréja. Masih di Jakarta Timur ogé, saurang Muslimah anak Ketua Masjid geus ngalangsungkeun pernikahan di geréja. Di Tambun Bekasi, saurang Muslimah anak mubaligh nginum racun serangga nepika tilar dunya sanggeus dihamili jeung diajak nikah di geréja, sarta aktivis Muslimah anak ti LDK-Lembaga Dakwah Kampus anu sapopoéna maké maké jilbab panjang di Kampus PUSPITEK Tangerang, Banten inisial S ngajar saurang lalaki anu hayang mempelajari Islam nyatana kiwari malah awewé anu inisial S tadi pindah agama jeung ka kampus teu maké pakéan muslimah deui malah maké pakéan you can see, inillallillahi wa innalillahi rojiun.

Ngagunakeun Bantuan Jin.

Usaha pemurtadan jeung Kristenisasi ngaliwatan sihir, jin jeung hipnotis kajadian di sababaraha daérah. Dina akhir 2003, salapan santri putri Pesantrén Khairu Ummah ngalaman kasurupan. Dina prosés penyembuhan atawa ruqyah, jin-jin anu merasuki tubuh anak-anak santri tadi ménta tulung ka Bunda Maria jeung Yésus sarta terus terusan nyebut Haléluya.

Lian ti éta, jin-jin anu merasuki para santri belia téh nyebut ngaran saurang minangka anu ngirim maranéhna. Ngaranna nyaéta Donarius, salah saurang warga sekitar anu beragama Kristen. Kasus séjén anu teu éléh hébohna ogé kajadian di kampus Politani Universitas Andalas, di Payakumbuh. Saloba 23 mahasiswi berjilbab kasurupan tur nyebut-nyebut ngaran Bunda Maria, Yésus jeung kata-kata Salib. Ampir dinawaktu nu sarua, peristiwa sarupa ogé ngarambah Madrasah Aliyah Negeri (MAN) Payakumbuh. Dina 23 Septémber 2003, saloba 11 siswi kasurupan jeung nuduhkeun perilaku anu teu béda jeung kasus-kasus saméméhna.

Misi Kristen di Indonésia didukung ku kakuatan dana anu kacida gedéna, di antarana ngalibetkeun konglomerat katurunan Cina, James T. Riady (bos Grup Lippo). Seperti kaungkap dina majalah Fortune (16 Juli 2001), James ngarencanakeun ngawangun sarébu sakola di désa-désa miskin di Indonésia. James bekerjasama jeung Pat Robinson (misionaris dunia) ogé bakal ngadegkeun organisasi jaringan umat Kristiani.

Hébatna, ummat Islam sacara teu sadar turut ngadukung cita-cita besar James T Riady. Antara lain ku jadi nasabah Bank Lippo, balanja di Mal Lippo, meuli imah di Lippo Karawaci jeung Cikarang, berobat ka RS Siloam, pelanggan Lippo Shop, Link Net, Lippo Star, Kabel Vision, jeung Asuransi Lippo.

Indonésia mémang bakal dijadikeun pusat perkembangan Kristen di Asia Pasifik. Kitu ceuk Pendéta George Anatorae ti The Lord Familly Church Singapore dina seminar kerjasama Global Mission Singapore jeung Galilea Ministry Indonésia, di Hotél Shangrila Jakarta (9-12 Juni 1998). Sajauh mana kaberhasilan program éta, perlu ditalungtik deui. Nu pasti, data taun 1999 nuduhkeun jumlah umat Islam di Indonésia anjlok ti 90% jadi 75% (Siar No 43, 18-24 Nopémber 1999).

Kaberhasilan éta berkat kerja keras 38 agén Kristenisasi, 1573 misionaris pribumi, 62 misionaris asing, dan 421 misionaris lintas kultural (data ti Operation World 2001 anu dihimpun India Missions AssociationJapan Evangelical Assocation jeung Korea Research Institute for Missions).

Salah sahiji lembaga anu gencar ngalakukeun Kristenisasi nyaéta Doulos World Mission (DWM). DWM geus ngalaksanakeun Proyék Yerikho 2000, nyaéta program pengkristenan wilayah Jawa Barat, kalayan séntra kegiatan digerakkeun di kawasan pinggiran Jakarta.

Proyék ieu bertujuan “mewujudkan Kerajaan Allah di bumi Parahiyangan menyongsong abad XXI”. Menurut Hendrik Kraemer, peneliti jeung penginjil ti Belanda, Jawa Barat ngarupakeun wilayah “paling gelap” di Indonésia jeung kacida tertutup pikeun Injil. Kusabab kitu aktivis DWM boga tékad, “Urang kudu ngarebut tanah Pasundan pikeun Kristus”.

Yérikho 2000 ogé digerakkeun di Sumatera Barat, Ac[h, Riau, Jambi, Bengkulu, Lampung, Kalimantan Tengah, jeung Kalimantan Barat. Pusat kagiatan DWM aya di kawasan Rawamangun (Jakarta Timur) jeung Tangerang (Banten).

Program séjénna nyaéta Doa 2002, anu dilaksanakeun ti tanggal 19 Oktober 2001 nepika 6 Desémber 2002. Sacara khusus program ieu nyebut sababaraha komunitas Muslim minangka objék Kristenisasi. Di antarana nyaéta suku Kaili Ledo (Sulawesi Tengah), Melayu Riau, Betawi, Ac[h, Melayu Kalimantan, Tenggarong Kutai, Bima, Maluku, Banda, jeung Papua. Rencana program Doa 2002 dituangkeun dina buku 40 Hari Doa Bangsa-Bangsa anu geus diterjemahkeun ka jero 35 bahasa di dunia.

Muslim Betawi misalna, kudu didoakeun ku segenap orang Kristen dina tanggal 9 Nopémber. Éta perlu dilakukeun sangkan hati Bapa mengasihi jeung merindukan orang Betawi. Salian ti éta, sangkan Bapa ngutus duta-duta kerajaan-Nya pikeun ngembangkeun pelayanan kesenian Betawi, literatur, jeung radio dina bahasa Betawi.

Kristenisasi anu marak kajadian pasca réformasi saenyana ngarupakeun kesinambungan tina Kristenisasi anu geus dimimitian ti jaman para penjajah Barat asup ka ieu negeri. Hal ieu lain waé jadi ancaman pikeun umat Islam, namung ogé ngarupakeun tantangan pikeun ngaronjatkeun da’wah jeung ngaraketkeun ukhuwah Islamiyah. Aya hiji naséhat bijak didugikeun ku pendahulu urang, HM Rasjidi, ngeunaan pentingna ukhuwah Islamiyah.

Ukhuwah Islamiyah dina waktu ieu kacida penting, kusabab umat Islam keur dirongrong ku kakuatan Internasional anu pohara gedéna, nyaéta misi Katholik jeung zending Kristen. Ieu nyaéta soal hirup atawa paéh. Tapi lamun Ukhuwah Islamiyah di Indonésia dina wanci kiwari disamaratakeun jeung Ukhuwah Wathaniyah, maka hartina moal dianggap bahaya Kristenisasi.

Umat Islam kudu bisa nyokot hikmah jeung pelajaran tina kasus-kasus Kristenisasi anu geus kajadian. Tina kasus-kasus tadi, mungkin waé aya anu kajadian kusabab kasalahan jeung kelalaian umat Islam sorangan. Misalna waé, umat Islam gampang berpecah belah, gampang diprovokasi, kurang peduli ka sasama Muslim, kurang peka kana lingkungan sekitar jeung kurang gigih dina berdakwah. Dina kondisi kitu, misi Kristen datang pikeun ngamurtadkeun umat Islam. Naha lain ieu téh kelalaian umat Islam ku anjeun? Hayu urang introspeksi diri! Wallohu a‘lam. ***