Rohangan Hadits : OPAT JALMA NU DILA‘NAT

942

Ku : Drs. H. Uu Suhéndar, M.Ag. (Déwan Majalah Redaksi Bina Da’wah)

«لَعَنَ اللّهُ مَنْ لَعَنَ وَالِدَهُ. وَلَعَنَ اللّهُ مَنْ ذَبَحَ لِغَيْرِ اللّهِ. وَلَعَنَ اللّهُ مَنْ آوَىٰ مُحْدِثاً. وَلَعَنَ اللّهُ مَنْ غَيَّرَ مَنَارَ الأَرْضِ».

Allah ngala’nat jalma anu doraka ka nu jadi indung bapana, Allah ngala’nat ka jalma anu peupeuncitan salian ti Allah, Allah ngala’nat jalma nu ngabéla jalma jahat sarta Allah ngala’nat jalma nu ngarobah wates tanah. *** H.R. Bukhari & Muslim.

Syarah Mufrodat.

La’anallahu Allah ngala’nat, man la’ana wâlidahu jalma anu doraka ka nu jadi indung bapana, La’anallahu Allah ngala’nat, mandzabaha lighoirillah, ka jalma anu peupeuncitan salian ti Allah.

Lafad la’ana mah dilarapkeun ka jalma anu dijauhkeun tina kanyaah jeung panyalindungan Allah SWT sarta lamun jalma jauh ti Allah tinangtu hirupna bakal ripuh di dunya jeung di ahérat jaga. Jalma anu dila‘nat téh jalma anu dijauhkeun ti rohmatna Allah SWT.

La’anallahu Allah ngala’nat, man awaa muhditsan jalma nu ngabéla jalma jahat, La’anallahu sarta Allah ngala’nat, man ghoyyaro manârolardhi jalma nu ngarobah wates tanah. Kecap awaa ngandung harti ngabéla, nangtayungan atawa sagulung sagalang ari manaar mah ciri atawa wates anu geus jelas.

 

Syarah Matan.

Shahabat Amir bin Watsilah keur ngobrol jeung Ali bin Abi Thalib, terus datang hiji jalma bari nalék: Ya Ali! Naha aya obrolan rahasiah anu ditepikeun ku Nabi SAW ka anjeun? Ali ngajawab bari rada ambek: Nabi teu kungsi anepikeun ucapan rahasiah nu ku kuring disumputkeun sakabéhna ogé ditembrakkeun pikeun sakumna manusa tapi aya opat perkara anu diamanatkeun ku Nabi SAW ka sim kuring. Naon waé anu opat téh? Éta jalma neruskeun nalékna.

Shahabat Ali bin Abi Thalib ngajelaskeun yén Nabi SAW ngajéntrékeun aya opat lampah jalma anu bakal ngajauhkeun dirina tina rahmat jeung panangtayungan Allah SWT:

Man la’ana Wâlidahu.

Dina al-Qur’an aya 10 ayat nu maréntahkeun sangkan hadé ka nu jadi indung bapa. Pikeun jalma nu boga lampah hadé bakal jadi jalma mustajabudda’wah nyaéta jalma anu diijabah du’ana, dipikacinta ku Allah sarta dijembarkeun rejekina. Ari jalma anu ngala‘nat atawa goréng ka nu jadi indung bapa hirupna bakal ripuh moal pinanggih jeung kabagjaan, moal diijabah du’ana sarta anu paling nyata mah bakal hésé ngaleupaskeun nyawana. Numutkeun salah saurang Psikiater nu kungsi ngaréngsékeun kasus hiji awéwé nu rék dioprasi panyakit anu aya dina rahimna teu tulus dioperasina saba’da dipanggihkeun jeung nu jadi indungna sarta nu jadi anak ménta hampura ka indungna. Kacindekan psikiater tadi yén lamun anak awewé goréng ka nu jadi indung bapa biasana panyakitna aya dina sekitar rahim ari lalaki mah nété semplék nincak semplak ahirna hirupna ngagubrag alias dila’nat ku lampahna sorangan.

Man dzabaha lighoirillah.

Peupeuncitan kaabus ibadah sarta kudu jelas tujuan meuncitna, cara meuncitna jeung waktu meuncitna lantaran aya nyawa nu dileupaskeun. Nalika Nabi SAW rék shalat Idul Adha anjeunna manggihan domba nu geus dipeuncit, saterasna Nabi SAW nalék ka nu boga imah: ”Ieu domba saha geus dipeuncit? Qurban abdi ya Rasul, jawab éta jalma. Éta mah lain qurban tapi botram kulawarga da qurban mah puguh waktuna nyaéta saba’da shalat Idul Adha jeung dina poé tasyrik, waler Nabi SAW. Nalika jalma peupeuncitan tujuanana lain karana Allah kaabus lampah anu dila’nat, upamana jalma meuncit munding pikeun upacara peresmian jambatan atawa upacara pésta laut di Pelabuhan Ratu anu hulu munding dilelepkeun kanggo tuangeun Kangjeng Nyai Roro Kidul. Dina Islam aya adab peupeuncitan nyaéta kudu ku péso anu seukeut sarta kudu jelas waktu paéhna sarta dimimitian ku ucapan basmalah. Lamun urang meuncit hayam terus hayamna gegerepekan kénéh abus ka balong éta hayam paéhna lain dipeuncit tapi titeuleum kana cai sarta dagingna bisa dikatagorikeun bangké. Jalma anu meuncit sato naon waé sok sanajan laleur lamun disababkeun lian karana Allah kaabus anu dila’nat.

Man awâ muhdiztsan.

Jalma anu nyaluyuan kana lampah jahat sarta milu nangtayungan jalma jahat kaabus jalma anu bakal dijauhkeun tina rahmat Allah SWT. Lamun jalma geus teu aya ruh amar ma’ruf nahyi mungkar nya bisa dipastikeun éta jalma kaabus anu imanna leungit tina dirina. Rasulullah SAW ngadawuh: ”Sing saha jalma ningali atawa apal aya jalma milampah kamungkaran atawa pelanggaran prak geura élingan ku leungeun (kakawasaan anjeun), lamun teu bisa nya benerkeun ku omongan atawa anu katilu mah caramna ku haté, du‘akeun sangkan jalma anu ma’siat téh diélingkeun sarta teu pipilueun kana lampah ma’siat. Korupsi hésé dibasmi lantaran dilaksanakeun sacara berjama‘ah.

Man ghoyyaro manârolardli.

Jalma anu dila’nat anu kaopat mah jalma anu ngagésér-gésér wates tanah, boh wates anu nanceb dina taneuh atawa ngarobah sértifikat tanah, da intina mah maling ku cara lemes. Rupa-rupa jalma anu maling ku cara lemes anu dina al-Quran disebut Athafif (wailul lilmuthaffifîn). Anu bakal dijauhkeun tina rahmat téh jalma nu ngurangan timbangan, ngurangan takeran, ngagelembungkeun harga jeung rupa-rupa panipuan kaabus promosi palsu. Cag! ***