Prof. DR. K.H. Miftah Faridl : OBAT-OBAT BARANAHAN

618

MAHABUNA jalma-jalma anu nyandu kana “obat-obat baranahan” di masarakat urang kiwari, ieu geus aya dina tingkatan anu matak prihatin. Kontrol sosial anu lumaku di masarakat urang méh geus teu bisa ngigelan kana kacondong anu meulit kahirupan rumaja jeung barudak sakola.

Isu mingkin ngaronjatna jumlah jalma-jalma anu maké malahan korban narkoba di kalangan rumaja kadieunakeun, ieu jadi hiji cicirén, yén masarakat urang téh dina nyanghareupan pirang-pirang tangtangan moral atawa sosial anu dihasilkeun ku globalisasi téh kawilang rentan.

Dina Islam aya istilah khomer, anu diantarana bisa dikanyahokeun ku inuman keras atawa naon baé anu bisa ngamabokkeun. Para mufassirin masihan harti anu loba, tapi masih dina wengku anu sarua nyaéta sagala rupa perkara anu bisa ngaleungitkeun kasadaran (ingetan) hiji jalma nalika ngaleueut atawa ngalegleg éta barang. Boh dina jumlah anu loba atawa ukur saeutik. Dawuh Rosul SAW, “Satiap inuman anu ngamabokkeun, saeutik atawa loba tetep haram”.

Harti anu ngamabokkeun saperti anu kaunggel dina hadits nabi tadi tangtuna ogé henteu dimaksudkeun kaayaan keur mabok ku alatan ngaleueut inuman keras. Demi dina kondisi anu tangtu, bisa jadi aya jalma anu ngaleueut khomer tapi teu mabok. Ku alatan geus biasa nepi ka awakna jadi kebal. Malahan pikeun masarakat anu tangtu mah, khomer téh geus jadi inuman sapopoé, loba atawa saeutik ogé teu matak mabok.

Jadi, kasampurnaan larangan khomer dina Islam mah leuwih diancokeun kana hukum asal éta barang. Nepika éta hukum téh teu robah, sok sanajan geus aya parobahan pisik tina kaayaan anu diakibatkeunna. Henteu aya alesan pikeun ngarobah hukum homer jadi halal ku alatan geus teu ngamabokkeun deui. Saperti henteu robahna kaharaman daging babi sok sanajan geus disebutkeun beresih tina unsur séjénna anu matak ngabahayakeun kaséhatan. Hukum haramna khomer atawa daging babi mah dumasar kana pituduh wahyu.

Tina sababaraha panétélaan al-Quran anu aya pakaitna jeung khomer, ku urang bisa dicindekkeun yén di masarakat Arab saméméh datangna Nabi Muhammad SAW, khomer téh mangrupa inuman anu geus jadi tradisi dina kahirupan sapopoé. Khomer dileueut minangka pangajén anu disuguhkeun dina acara-acara anu tangtu. Ngaleueut inuman keras ieu geus jadi milikna masarakat jahiliyah anu kawentar piodal jeung ngaménak. Pépéling al-Quran éta pikeun ngeureunan sapuratina kabiasaan atawa tradisi kasebut sabab dianggap ngabahayakeun boh pikeun pribadi atawa sosial.

Sok sanajan kitu, saméméh diharamkeun sapuratina, al-Quran ngarumuskeun cara ngaleueut khomer téh kalawan bertahap. Ti mimiti saukur ngélingan jalma anu keur mabok sangkan henteu sholat tug nepi ka panétélaan anu tandes ngeunaan haramna inuman keras.

Nu jadi patalékan, ku naon homer dilarang? Naha pantes ngiyaskeun “obat-obat baranahan” anu kiwari mahabu jeung khomer anu kantos disigeung ku Nabi SAW. Numutkeun pamanggih sajumlah pakar, sacara pisik hiji jalma, khomer bisa ngaruksak kana kaséhatan. Saperti obat-obat terlarang anu matak goréng pikeun kaséhatan. Nu bisa nurunkeun kaponyo kana dahar ogé ngalemahkeun daya tahan awak anu jadi énergy dina hirup. Jalma-jalma anu sering ngaleueut khomer mah umumna awakna begang jeung garing, daya tahan tubuhna lemah. Kasadaranna kacocéng nepika jeung sasama ogé mangsabodo. Balukarna, prilaku jalma anu mabok mah condong hayang ngaganggu batur atawa naon baé anu aya di sabudeureunna.

Kusabab sipatna condong anti sosial nya tukang leueut khomer mah bisa ngaganggu kana katengtreman masarakat, jadi jalma anu barangasan. Babaturan bisa dianggap lawan atawa sabalikna. Jadi khomer tetep dilarang sabab gedé mamalana lain baé pikeun diri anu ngonsumsina tapi ogé pikeun lingkungan masarakat anu aya di sabudeureunna. ***