Perkara-perkara Anu Kudu Dimumulé

1116

DIANTAWIS kaistiméwaan agama urang, aya papagon anu kedah diperhatoskeun, anu upami ku urang diteuleuman, ieu papagon téh éstuning penting pisan pikeun kalumangsungan kahirupan. Aya sababaraha hal anu kedah dipiara. Ku paréntah Islam, ieu perkara-perkara téh poma kudu dimumulé.

Kahiji, khifzhun nafs. Naon hartosna khifzhun nafs téh? Miara jiwa. Ku kituna, upami Islam ngaharamkeun bunuh diri, atanapi maéhan batur, ieu téh dina raraga, pentingna miara jiwa. Henteu aya hukum anu kalintang kerasna anging Qishos. Kajabi illa bilhaq geuning, diwenangkeunna maténi téh ku cara anu hak, saperti perang. Malah perang ogé kapan, Islam mah henteu nganjurkeun kudu merangan batur, tapi lamun urang diserang ku batur ulah caricing, tapi kudu dilawan. Perang dina Islam mah sipatna téh Defensive henteu bersipat Ofensive.

Dina miara jiwa, tangtosna ogé anu dipiara téh sangkan jiwa urang téh; kahiji, séhat kadua, ‘afiat. Séhat walafiat téh malah dianjurkeun ku Kangjeng Rosul SAW, dina du’ana; Allohumma innii as alukal af’a wal ‘aafiatal mu’affata da’in wal mu’aafata fiddiina wad dunyaa wal akhiroh. Apan du’a anu remen didawamkeun téh éta, nyaéta sangkan urang dipiara ku Alloh tina sagala panyawat. leu téh dina raraga sangkan jiwa urang téh kapiara.

Miara jiwa téh sanés mung sakadar miara jasmanina katut rohanina tapi ogé miara anu disebut prilakuna éta jiwa. Sangkan jiwa téh henteu digebrus kana hal anu disebut ngawiwirang manéh atawa anu disebut kawiwirangan.
Ku ayana ahlak, Islam ngébréhkeun ajaranna ka sakumna kaum muslimin, yén urang téh kudu boga jiwa anu pepek ku sumanget, jiwa anu linuhung, jiwa anu kuat, jiwa anu sabar, jiwa anu tawekal, jiwa anu syukur ka Alloh, jiwa anu sabar, jiwa anu qona’ah, jiwa anu béréhan.
Kacindékanana mah, jiwa anu ngagaduhan sipat kaprawiraan, sipat kawani jeung kagagahan anu katingali ku sararéa yén jiwa-jiwa kaom muslimin téh jadi tuladan.
Kahadé ieu jiwa-jiwa anu anu biasa disebut individu-individu téa, ulah dugi nyirorot kana kadudukan anu teu pinuji, atawa kana jungkrang kahinaan, manakomo maéhan manéh mah, ulah pisan. Anu matak walaa taqtuluu anfusakum, innalloha kaana bikum rohiima, poma maranéh ulah maéhan jiwa-jiwa maranéh, saéstuna Alloh kalintang pisan deudeuhna ka maranéh téh. Kecapna téh rohima.
Tah jiwa-jiwa kaom muslimin anu dipiara kamekaranna ti kawit lahir tug nepi ka tilar, pon kitu deui kaséhatan jasmanina ti kawit budak, ieu téh aya pakaitna kana urusan tuangeun jeung leueuteun. Sabab naon, sabab jiwa anu kuat téh ayana dina badan anu séhat. Jeung jiwa anu lemah ayana dina badan anu ririwit.

Jadi tingali ku urang, perhatian Islam dina miara pribadi-pribadi kaom muslimin téh kacida pisan luhungna, nepi ka naon baé anu sok ngaruksak jiwa diharamkeun ku Islam, saperti kecap lamun téa mah, atawa anu dina basa Arabna mah lao, hartina téh jikalau, andaikata, mun seug téa mah, éta téh dipahing pisan. Sabab bakal ngaruksak kana jiwa-jiwa kaom muslimin. Jadi dina ajaran Islam mah kecap-kecap anu ngawangwang, saperti jikalau, mun seug téa mah, andai kata éta mangrupa basa-basa anu bisa ngaruksak jeung ngotoran kana jiwa-jiwa. Ari kecap nu kitu téh datangna ti sétan. Umat Islam mah kudu boga jiwa anu kuat, anu pengkuh anu pasti.
Pon kitu deui katuangan sareng leueuteun anu aya pakaitna jeung jasmani, kacida pisan diperhatoskeunna ku Islam mah. Ulah sagawayah, ulah sarwa dilebetkeun, tapi kudu diperhatorkeun mangpaat jeung gunana kanggo badan urang. Kumargi kitu, sagala rupi bentuk-bentuk katuangan kalebet leueuteun anu matak ngaruksak kana raga ku Islam mah dipahing pisan. Saperti ganja, morpin, mariyuana, anu dilebetkeun kana golongan narkotika, alcohol, sareng inuman-inuman séjénna anu matak ngaruksak kana susunan sarap anu aya dina diri urang kacida pisan dipahingna ku Islam mah. Tongboroning dipigawé dalah dideukeutan ogé geus diulahkeun ku Islam mah. Naon margina? Margi matak ngarugikeun umat islam kuanjeun. ***