LGBT, ANCAMAN NYATA PIKEUN KAUM AGAMA

1308

POLDA Jatim suksés ngagagalkeun acara Gay Party anu maké kedok seminar keséhatan anu diayakeun di hiji tempat karaoké, Happy Puppy, di Jalan Mayjén Sungkono, Surabaya, Ahad (07/02). Asosiasi Solidaritas Untuk Muslim (ASSOUM) méré aprésiasi ka Polda Jatim anu geus ngagagalkan acara Najis Gay Party. Hal ieu didugikeun ku Sekjénna, Ustadz Muhammad Syahrul Mukarrom (Senén/02/2016).

Éta kajadian téh lain anu munggaran. Sababaraha waktu kaliwat, sajumlah Ormas Islam ogé kungsi ngabubarkan acara kongrés kaum LGBT di Surabaya. Ahir-ahir ieu kelompok LGBT anu dikenal minangka kaum banci geus teu boga rasa éra, teu aya karisih, pikeun némbongkeun éksisténsina. Malahan sacara terbuka wani meredih ka pamaréntah sangkan ngaku kolompokna tur ngalégalkeun sagala perilakuna anu nyimpang tina fithrah manusa. Lian ti éta maranéhna ogé meredih sangkan perkawinan sasama jenis maranéhna dicatetkeun ku nagara alias dikaluarkeun NA-na.

Ketua Forum Ulama Umat Indonésia (FUUI) K.H. Athian Ali M. Da’i meunteun yén fénoména Lésbian, Gay, Biséksual, jeung Transgénder (LGBT) anu geus wani némbongkeun jati dirina jadi bukti yén Indonésia salaku masarakat beragama ngan sakadar klaim wungkul. Tumuwuhna éta komunitas beuki némbongkeun yén agama teu jadi pamingpin kahirupan di ieu nagri. Kuduna mah lamun bangsa urang ngaku beragama nya kudu nolak kana hadirna kolompok LGBT.

Ironisna, teu saeutik jalma kalawan ngatasnamakeun HAM méré perlindungan jeung pengakuan kana éksisténsina. Jadi kuduna mah sakabéh pihak nentang (nolak). Maranéhna kudu mikirkeun kumaha ngubaran panyakit anu geus mrihatinkeun ieu.

Sekretaris Jénderal Forum Umat Islam (FUI), K.H. Muhammad Al-Khaththath nandeskeun prilaku lésbian, gay, biséksual, jeung transgénder (LGBT) mangrupa tindakan kriminal anu bisa ngaruksak kahirupan bangsa. Saur Al-Khaththath, pék wé LGBT berkembang di Amérika jeung Eropa, tapi henteu pikeun di Indonésia. Keun da ari AS jeung Éropa mah maranéhna pan henteu ngadasarkeun nagarana ku Ketuhanan Yang Maha Ésa kawas Indonésia. Maranéhna mah pan sékulér, jadi ulah disaruakeun antara Indonésia jeung Éropa.

Al-Khaththath ogé nandeskeun yén LGBT mangrupa bentuk pidana. Numutkeun Allah SWT LGBT aya dina wangun pidana, malahan disebut kriminal. Maranéhna disebut dina al-Quran golongan al-mujrimun“, saur Al-Khaththath.

Ngaréspon kana ceuyahna kucuran dana pikeun mekarkeun gerakan LGBT di Asia ku UNDP, Ketua Ikatan Da’i Indonésia, Achmad Satori Ismail nyebut loba kénéh program digulirkeun pikeun ngajajah deui Indonésia. Pasti program-program anu ngaruksak kawas kieu bakal terus digulirkeun ku Yahudi Nashrani, tinggal umat Islamna naha mampuh pikeun nolakna atawa henteu. Umat Islam kudu boga imunitas diri pikeun nyanghareupan éta serangan ku kaimanan, kaislaman jeung amal sholéh.

United Nations Development Programme (UNDP) ngucurkeun dana USD8 juta atawa satara Rp.107,8 miliar pikeun nyokong kolompok lésbian, gay, biséksual, transgénder jeung interséks (LGBTI) di Indonésia jeung tilu nagara Asia séjénna.

Program tadi mangrupa kerjasama régional antara UNDP, Kedutaan Besar Swédia di Bangkok jeung USAID. Salian kolompok LGBT Indonésia, dana tadi ogé dibagikeun ka kolompok LGBT di China, Filipina jeung Thailand. UNDP nyebut program ieu geus dimimitian ti Desémber 2014 nepika Septémber 2017.

LGBT atawa GLBT.

LGBT atawa GLBT nyaéta akronim tina “lesbiangaybiseksual, jeung trans-gender“. Istilah ieu digunakeun saprak taun 1990-an jeung ngagantikeun frasa “komunitas gay” kusabab éta leuwih ngawakilan kolompok-kolompok anu tadi disebutan.

Kadang-kadang istilah LGBT digunakeun pikeun sakabéh jalma anu henteu hétéroséksual, lain ngan ukur homoséksual, biséksual, atawa transgénder. Sering ogé huruf Q ditambahkeun sangkan queer jeung jalma-jalma anu masih mertanyakeun idéntitas séksual maranéhna ogé kawakilan (conto “LGBTQ” atawa “GLBTQ”).

Istilah LGBT sering digunakeun pikeun penunjukkan diri. Istilah ieu ogé dilarapkeun ku mayoritas komunitas jeung média anu berbasis idéntitas séksualitas jeung génder di Amérika Serikat jeung sababaraha nagara anu ngagunakeun basa Inggris séjénna.

Saméméh révolusi séksual dina taun 1960-an, teu aya kosakata non-peyoratif pikeun nyebut kaum anu lain hétéréséksual. Istilah pangdeukeutna nyaéta, “gender ketiga“, geus aya ti taun 1860-an, tapi loba anu nolak tur teu panuju.

Istilah kahiji anu loba digunakeun, “homoséksual“ disebutkeun ngandung konotasi négatif jeung condong digantikeun ku “homofil” dina jaman 1950-an jeung 1960-an, jeung terus gay dina taun 1970-an. Frase “gay jeung lésbian” jadi leuwih umum sanggeus idéntitas kaum lésbian beuki kabentuk. Dina taun 1970, Daughters of Bilitis ngajadikeun isu féminisme atawa hak kaum gay minangka prioritas. Akronim LGBT kadang-kadang digunakeun di Amérika Serikat ti saprak taun 1988. Kakara dina taun 1990-an istilah ieu sering dipaké.

bd3

LGBT dina Perspektif Hukum Islam.

Lésbian, gay, biséksual, jeung transgénder (LGBT) kiwari beuki ramé dipadungdengkeun, boh di Indonésia hususna atawa dunya umumna. Hiji hal anu jadi pertanyaan nyaéta “Kumaha pérspéktif hukum, khususna Islam, minangka agama mayoritas di nagara Indonésia dina nyikepan kaum kalawan ciri khas bendéra pelangi. Naha dibenerkeun lamun LGBT dilégalkeun di Indonésia, khususna di lingkungan universitas?”

Mucunghul pirang-pirang pro jeung kontra ngeunaan golongan LGBT. Teu arang, maranéhna anu mikahayang sangkan LGBT dilégalkan di Indonésia ngajadikeun hak asasi manusia (HAM) minangka tameng utama. Kamerdékaan beréksprési mangrupa salah sahiji hak fundaméntal anu diaku dina hiji nagara hukum anu démokratis tur ngajunjung luhung HAM.

Indonésia salaku salah sahiji nagara hukum, jaminan ngeunaan kabébasan beréksprési diatur dina UUD 1945 Amendemén II, nyaéta dina Pasal 28 E Ayat (2) anu nétélakeun yén “Setiap orang berhak atas kebebasan meyakini kepercayaan, menyatakan pikiran dan sikap, sesuai dengan hati nuraninya”. Saterusna dina ayat (3) dinyatakeun “Setiap orang berhak atas kebebasan berserikat, berkumpul, dan mengeluarkan pendapat”.

Salian ti éta, UU RI No 39 Tahun 1999 ngeunaan Hak Asasi Manusia sacara leuwih jero ngatur ngeunaan kabébasan berékprési tadi, dina Pasal 22 Ayat (3) UU tadi nyebutkeun yén “Setiap orang bebas mempunyai, mengeluarkan, dan menyebarluaskan pendapat sesuai hati nuraninya, secara lisan atau tulisan melalui media cetak maupun media cetak elektronik dengan memperhatikan nilai-nilai agama, kesusilaan, ketertiban, kepentingan umum, dan keutuhan bangsa”.

Mémang bener yén unggal jalma ngabogaan kabébasanna séwang-séwangan, tapi lamun ditalaah leuwih jero geus jelas disebutkeun yén kabébasan anu dipimilik berbanding lurus jeung watesan-watesan anu kudu ditedunan ogé kayaning; naha ngarempak agama, kasusilaan, kapentingan umum, nepika kautuhan bangsa?

Dina kanyataanna, ku lobana desas-desus anu ngadurenyomkeun ngeunaan status kaum bendéra pelangi ieu arahna kana hiji kacindekan yén masarakat Indonésia ngarasa kaamanan jeung katertiban maranéhna kaancam. Malahan “LGBT” bisa nimbulkeun binih-bénih keretakan utuhna ieu bangsa.

Saperti numutkeun UUD Nagara Republik Indonésia taun 1945 dina amendemén anu kadua geus sacara tegas ngasupkeun hak atas rasa aman ieu dina pasal 28A-28I. Dina Pasal 30 UURI No 39 Tahun 2009 ogé diatur ngeunaan HAM anu unina: “Setiap orang berhak atas rasa aman dan tenteram serta perlindungan terhadap ancaman ketakutan untuk berbuat atau tidak berbuat sesuatu”.

Pasal  35 nyebutkeun “Setiap orang berhak hidup di dalam tatanan masarakat dan kenegaraan yang damai, aman, dan tenteram yang menghormati, melindungi, dan melaksanakan sepenuhnya hak asasi manusia dan kewajiban dasar manusia sebagaimana diatur dalam undang-undang ini”.

Pihak-pihak anu kontra ngarasa yén ku ayana kaum LGBT anu hirupna teu prah jeung nyalahan tina fithrah tumuwuh di tengah masarakat Indonésia anu nyekel pageuh kana adat jeung agamana. Masarakat anu hiji jeung anu séjénna jadi silih curiga. Hadirna kaum LGBT geus nyababkeun bangsa Indonésia jadi dua golongan, kaum anu pro LGBT jeung anu kontra LGBT.

Dina agama Islam ogé écés pisan yén Allah SWT nyaram kalawan keras ka hamba-Na sangkan henteu asup ka golongan jalma-jalma anu mikacinta ka sasama jenis, saperti lésbi, gay, biséksual, jeung transgénder. Al-Quran minangka sumber ajaran agama Islam anu mangrupa répréséntasi kalimat–kalimat Allah SWT di jerona aya pirang-pirang palajaran, ti mimiti kisah bangsa-bangsa baheula nepika ramalan mangsa kahareup.

Salah sahijina nyaéta kisah dilaknatna kaum Nabi Luth AS. Kaumna kasohor minangka jalma anu boga panyakit mikaresep ka sasama jenis anu ahirna sanggeus teu nurut kana pangajakna Nabi Luth AS dilaknat ku Allah SWT kalayan azab anu kacida peurihna. Mangrupa hiji pertanda yén Allah SWT teu mikaresep lampah kitu.

Dina masalah netepkeun hukum, geus pasti aya anu ngadukung jeung aya anu nolak. Malahan, dina upaya netepkeun hukum Allah SWT jadi hukum positif, mungkin leuwih loba anu henteu ngadukung tinimbang anu ngadukung. Tapi, pépéling Allah SWT ngudukeun ka para pamingpin sangkan ngaheulakeun kahayang Mantenna tinimbang seléra manusa anu teu aya tungtungna.

Indonésia ogé minangka nagara anu berdaulat tur ngabogaan hukumna sorangan geus jelas natrat dina pasal 1 Undang-undang No 1 Tahun 1974 ngeunaan perkawinan yén “Perkawinan ialah ikatan lahir batin antara seorang pria dengan seorang wanita sebagai suami istri dengan tujuan membentuk kulawarga (rumah tangga) yang bahagia dan kekal berdasarkan Ketuhanan Yang Maha Esa”.

Perkawinan boga tujuan salah sahijina pikeun ngalestarikeun umat manusa. Kacida kontras lamun dibandingkeun jeung kaum LGBT anu mangrupa penyuka sesama jenis. Lamun dilégalkeun kawas di luar negeri, LGBT pasti bakal nimbulkeun pirang-pirang masalah di Indonésia. Saperti turunna angka kelahiran kusabab geus pasti sasama jenis moal bisa ngahasilkeun katurunan atawa ngalastarikeun bangsa nepika masalah séjénna saperti anu geus disigeung di luhur nyaéta keresahan masarakat anu ngarasa kaamanan hirupna kausik, kaamanan karirupan barudakna ogé ngarasa kaancam.

Salian ti éta, dina UU Perkawinan Indonésia merhatikeun ogé dasar agama, nyaéta Ketuhanan Yang Maha Ésa. Jadi salah sahiji alesan pikeun nguatan pandangan hukum Islam ngeunaan LGBT anu dicaram ku Allah SWT. Kukituna geus sakuduna para pamingpin Indonésia ulah méré tempat hirup pikeun kaum LGBT.

Kusabab Indonésia mangrupa nagara hukum kalayan masarakat anu ngahargaan agama jeung tradisi, kiwari kelompok LGBT geus beuki wani terang-terangan rék majuangkeun hak-hakna kalayan alesan HAM malahan maranéhna keur ngupayakeun mawa kasus ieu ka forum internasional ngaliwatan lembaga swadaya masarakat (LSM) jeung kelompok Jaringan Islam Liberal anu meunang pangrojong dana gedé ti nagara Barat. Amérika Serikat jeung Éropa ngadongsok ka Indonésia sangan ngalégalkeun para penganut LGBT saperti geus dilégalkeun di sababaraha nagara Barat.

Ari masarakat Indonésia kacida tegas tur keras nyaram sagala wujud prakték LGBT dumasar katangtuan hukum, perundang-undangan, nilai-nilai agama, kesusilaan, ketertiban, kepentingan umum, jeung keutuhan bangsa.

Dukungan Badan Program Pembangunan PBB (UNDP) ka kelompok LGBT (Lesbian, Gay, Biseksual dan Transgender) di saalam dunia, kaasup Indonésia meunang sorotan ti sababaraha pihak. Utamana sanggeus laporan kemitraan regional UNDP anu ngungkapkeun gedéna dana Rp. 107 miliar pikeun program pemberdayaan LGBT di kawasan Asia Pasifik.

Dina laporan UNDP hasil workshop peran lembaga Hak Asasi Manusia (HAM) anu mromosikeun, melindungi hak jeung keséhatan LGBT di Asia Pasifik tur diunggah di situs UNDP dina23 Juni 2015 dijelaskeun alesan UNDP ngadukung program LGBT.

Kepala Administrator UNDP, Helen Clark nyebutkeun dukungan UNDP ka LGBT di Asia Pasifik kusabab ayana sikep diskriminasi jeung kriminalisasi ka para pelaku LGBT di sababaraha belahan dunia. Sikap Homophobia jeung Transphobia (sikep jeung perasaan négatif ka kelompok homoséksualitas jeung transéksual) ieu, pasalia jeung Hak Asasi Manusia jeung agénda pembangunan berkelanjutan (suistainable development). Dina éta laporan ogé dijelaskeun genep program UNDP pikeun LGBT di Asia Pasifik, kaasup Indonésia, di antarana:

Kahiji, advokasi nyaéta méré perlindungan kana hak-hak LGBT, kaasup pengakuan minangka warga negara  idéntitas génder resmi sacara hukum. UNDP meunteun sababaraha nagara Asia geus hasil pikeun ngurus éta di antarana Thailand jeung Filipina.

Kadua, program kaséhatan, merhatikeun masalah kaséhatan pelaku LGBT, kaasup kaséhatan rumaja, kaséhatan méntal, HIV, kaséhatan séksual jeung réproduksi. Méré kagampangan (kemudahan) aksés kaséhatan, méré perlindungan tina kekerasan, tur méré kemudahan pikeun transgénder pikeun ngalakukeun operasi ganti kelamin sarta terapi hormon.

Katilu, ékonomi jeung peran séktor swasta. Dina éta laporan dijelaskeun upaya mulihkeun deui pelaku LGBT anu meunang perlakuan diskriminasi kerja jeung ngalibatkeun séktor bisnis swasta.

Kaopat, Kepribadian jeung Pengakuan Status Jenis Kelamin sacara Hukum, keberanian ngalakukeun pengakuan terbuka pikeun pelaku LGBT, jeung status hukum pikeun hak séksual jeung jenis kelamin.

Kalima, pendidikan pikeun siswa anu ngabogaan karep LGBT, meunang perlakuan anu henteu diskriminatif. Di antarana ngaliwatan pendampingan guru jeung sekolah ogé universitas, dibéré pamahaman ngeunaan séksualitas tur ngaidéntifikasi diri ti awal kénéh.

Kagenep, Kulawarga méré pamahaman pikeun kulawarga di kawasan Asia Pasifik, merlakukeun anggota kulawarga anu LGBT sacara wajar jeung henteu maksakeun pilihan pikeun maranéhna.

Ummat jeung Ormas Islam kudu ngahiji tur nyusun shaf anu rapi dina nyanghareupan kaum LGBT anu dibackup ku nagara adidaya kayaning Amérika jeung Éropa. *** (MAF/BD)