KH.Bahrul Hayat, MA : Naon Pangna Urang Milih Islam (28)

1241

DEWANDAKWAHJABAR.COM — DIANTAWIS kajempolan-kajempolan Islam sanésna anu tiasa narik kana ati, ngagugah kana rasa, nyaéta dugi ka danget ayeuna kitab suci anu jadi papagon Islam téh teu kantos aya nu robah. Cobi urang perhatoskeun, pidawuh Allóh dina surat ka 15 ayat 9, Saéstuna Kami nurunkeun al Quran, jeung saéstuna Kami anu ngaraksana. Tah jadi, Quran mah aya jaminan ti Allóh SWT.

Saupami urang merhatoskeun kitab Torét. Injil, Jabur atawa béh dituna Shuhuf Ibrohim, teu aya jaminan ti Allóh, saperti anu didawuhkeun Allóh dina al Quran anu ngajamin kana auténtikna al Quran, kaaslian sareng kautuhanna ayat-ayat al Quran sareng jumlah sakabéh ayat-ayatna. Béda jeung kitab-kitab anu saméméhna anu geus dikotéktak ku pangagemna saperti anu didawuhkeun Allóh dina al Quran surat al Baqoroh ayat 79. Éta ogé aya usaha-usaha anu dilakukeun ku bangsa Yahudi, ku Bangsa Nasroni, ku urang-urang Syiah jeung sajabana, tapi tetep baé kapendak.

Tina naon kapendakna? Kahiji, tina Syair hartosna tina gaya basana. Saupama urang ahli basa, urang tiasa ngabéntenkeun kumaha gaya basa al Quran sareng kumaha gaya basana Hadits.

Ti kawit jaman Nabi Muhammad ngantunkeun éta parantos mucunghul jalma anu ngaku-ngaku nabi, ngaranna Musailimah. Malah ku umat Islam dibéré laqob Musailimah al Kadzdzab, Musailimah si pendusta. Pikeun ngalengkepan pangakuanna salaku rosul, nya manéhna nyieunan wahyu saperti anu kantos dipedar dina Bina Da’wah kapungkur. Tapi écés susunan basana téh rancu, manakomo eusina mah kantenan pisan. Kabéhdieunakeun seueur tarékah ti kaom Syi’ah, anu nambah-nambah ayat al Quran. Cék pamadegan sawaréhna urang Syi’ah mah al Quran téh lain 6666 ayat, tapi 16.000 ayat.

Diantarana aya surat Wilayah anu henteu aya dina Mushaf urang nyaéta Mushaf Utsmani. Surat Wilayah téh nétélakeun, cenah hiji surat al Quran, wahyu anu dilungsurkeun ka Nabi Muhammad anu nitipkeun kalungguhan Ali salaku kholifah anu munggaran. Tah, saupama surat wilayah ieu diperhatoskeun, tétéla basana téh kalintang pisan rancuna. Éta aya dina buku “Mewaspadai Syi’ah”.

Lamun téa mah urang merhatoskeun, al Quran anu dilungsurkeun ku Allóh SWT, opat welas anu katukang, malah langkung, dugi ka danget ayeuna téh teu aya robahna. Hiji buktos, di museum-museum anu aya di luar nagri saperti di Rusia, Inggris, Walanda aya mushaf Utsmani nu asli. Jaman harita, kapan Mushaf pérsi Utsman téh teu nganggo titik, henteu nganggo jabar, jéér jeung péés, saperti anu ku urang diaos ayeuna. Sabab rata-rata para sahabat mah arapal al Quran. Nanging sok sanajan teu aya jabar, jéér jeung péésna, tapi tetep tiasa dibaca.

Mungkin di antara para pamaos aya maksad, cita-cita hoyong ameng ka museum nu aya di Rusia, Walanda atawa di Inggris anu di tilu tempat éta téh ‘tersimpan’ mushaf Utsmani. Anu di maksad ku mushaf Utsmani téh nyaéta mushaf anu disponsoran ku Sayyidina Utsman bin Affan saba’da mushaf Abu Bakar di pupus atawa diduruk.

Sayyidina Utsman, ningali yén wilayah kakawasaan Islam téh tos lega, nya anjeunna nyalin tina al Quran anu disusun ku Zaid bin Tsabit, harita janten 7 Eks. Hartosna tujuh siki, di Basroh hiji, di Kuffah hiji, di Andalusia hiji, di Makkah sareng Madinah. Tah aya anu disimpen di bumina Siti Hafshoh sareng di bumi anjeunna nyalira. Tah ieu ngarupikeun standar mushaf anu sadayana ogé ngarujuk kadinya.

Saba’da kamekaran Islam, kadieunakeun tos aya alat-alat téknologi anu canggih, éta mushaf al Quran téh di jaman Dinasti Umayyah tos dibarisan, lajeng dipaparinan tanda, rofa’, nashab jeung fathah anu cék basa Parsina mah jabar, jéér jeung péés téa.

Al hamdulillah mushaf al Quran téh kiwari mah parantos sumebar ka sakuliah dunya. Malahan dina mangsa umat Islam keur meujeuhna dirurucah jeung dicacampah, yén cenah umat Islam téh téroris, umat Islam téh radikal, umat Islam téh Bengal, ku runtuhna gedong kembar anu disebut WTC (World Trade Centre) téa. Henteu kinten-kinten, Kedutaan Besar Saudi Arabia anu aya di Amérika ‘diserbu’ ku para ‘peminat’ mushaf. Rata-rata dina sapoéna téh éta kadutaan ngaluarkeun 6000 éksemplar al Quran, terjemahan basa Inggris kalayan gratis. Saba’da ku maranéhna dibaca, ditalungtik, tétéla loba pisan jalma-jalma anu arabus Islam. Sabab naon? Sabab kabita jeung kataji ku susunan basa al Quran anu kawilang éndah, sok sanajan maranéhna téh henteu kungsi diajar basa Arab, tapi al Quran anu ditarjamahkeun ku para pakar Islam kana basa Inggris éta kacida éndahna, nepika ngalahirkeun pangaruh anu kacida pisan rongkahna. Tina jihat ieu pisan al Quran téh tiasa disebat mujizatna téh. Tina segi ieu pisan mu’jizat al Quran katingali.


Lamun téa mah al Quran, minangka mu’jizat pangagungna jeung pangpunjulna Kangjeng Rosul. Mangpirang-pirang jalma ti kapungkur nepi ka kiwari jeung jaman bihari anu kataji ku susunan basa al Quran anu éndah. Henteu héran, lamun téa mah Umar kapungkur, anu kekerot rék nelasan Sa’id carogéna Fatimah bin Khottob, sadérékna Umar nyalira. Tapi nalika anjeunna ningali susunan basa surat Thoha, anjeunna molohok mata simeuteun, dugi ka kedal ucap, ieu mah lain basa jelema, demi Allóh ieu mah lain basa jelema, ieu téh ti mana deuleu? Nya harita diwaler ku Siti Fatimah, yén éta téh wahyu Allóh. Tah tina jihat ieu, umat Islam mingkin kuat kayakinanna. Malah tina segi iman kana al Quran pisan anu ngarupikeun sabagian rukun iman, urang mingkin kataji ku Islam.

Sanés mung sakadar wungkul tina segi auténtikna, pangraksa Allóh kana éta kitab téh tapi ogé kana eusina. Parantos dikaji ku mangpirang-pirang pakar, ti jaman kapungkur dugi ka jaman bihari téh henteu séép-séép élmu al Quran téh, terus-terusan ngocor. Ti kawit élmu Qiro’at, élmu Tajwid, élmu Amtsalil Quran, élmu fil Ghoribil Quran, élmu Mufrodatil Quran, élmu Fil Izazil Quran sareng sajabana. Nya pantes saupami umat Islam bakal betah caricing dina Islam, saba’da maranéhna neuleuman al Quran, Afalá yatadabbarûn al Qurana am ‘alá qulûbin aqfáluha. Nya naha maranéhna téh teu merhatikeun al Quran, atawa mémang haténa dikonci? (QS 47 : 24). Atawa saperti anu kaunggel dina surat ka 17 ayat 46, dina haténa téh aya panutup jeung dina ceulina téh aya waqron, tai ceuli anu kandel anu ngahalangan sangkan ngarti kana al Quran. Malahan Allóh nyebatkeun yén al Quran téh disusun ku basa anu gampang, Wa laqod yassarná al Qurana lidzdzikri fahal min muddakirin. (QS 54 : 22/32), Jeung Kami geus ngagampangkeun éta al Quran téh pikeun panggeuing, tapi naha bakal aya anu merhatikeun?

Cobi ka para pamaos Bina Da’wah, ulah ngarantep ka para putra putrina sangkan tiasa ngaos al Quran. Jadi, ku ayana sakitu, hayu urang gedurkeun deui sumanget pikeun ngaji deui al Quran, neuleuman, napakuran, ngulik jeung jeung ngalenyepan kana eusi al Quran sangkan iman urang sadaya ka Allóh téh mingkin ngawewegan jeung ngandelan. wiréh Allóh ogé miwarang ka urang, Afala yatadabbarun al Qurana am ‘alá qulûbihim aqfáluha. ***