KH. Bahrul Hayat, MA : “Naon Pangna Urang Milih Islam” (26)

1326

DEWANDAKWAHJABAR.COM– Ti payun parantos kasebat, naon pangna Islam unggul, kumargi anu nyandak Islamna ogé jalmi anu pinunjul. Jalmi unggul anu ku Allóh SWT disebatkeun, “Wa Innaka la’alá khuluqin azhîm”. Saéstuna hidep téh aya dina ahlak anu mulya, netepan dina kaagungan Allóh. Aya anu nétélakeun, yén Khuluq di dieu téh nyaéta kholqun anu hartosna ciptaan. Jadi Rosulullóh téh hiji wujud ciptaan anu pangluhurna.

Tah, kaunggulan Nabi SAW dina akhlak téh parantos diangken ku  sadayana, utamana ku bangsa urang umat Islam, dalah ku bangsa deungeun ogé diaku. Sok bandungan, rék teu simpati kumaha ka Kangjeng Rosul, yén arasupna jalma-jalma kana Islam téh apaleun kabéh ogé, umumna 50 % na mah ku sabab ningal kana kajembaran Nabi. Saha pijalmaeunna anu teu rék ambek lamun diciduhan. Moal aya, pasti ambek. Tapi naha ari Rosulullóh mah, jeprot reuhak kana wajahna téh kalahka gumujeng. Punten sanés dihaja, cenah kituh. Nya wios atuh, saur Nabi. Padahal dihaja ku éta jalma téh. Saha pijalmaeunna anu teu rék dengdem, dina nalika badé digebruskeun kana sumur, pitapak anu dijieun ku Abu Jahal tiheula. Saha pijalmaeunna anu teu bendu luar biasa, anu dibalédogan dugi ka baloboran getih, sapertos anjeunna nalika di Thoif. Saha sok pijalmaeunna anu bakal teu dengdem dina nalika anjeunna harita dibabuk ku Abu Jahal ku batu pas kedahna mah keuna kana mastakana? Sareng anu sanésna deui.

Tapi, ku dipaparinna Rosul ieu nyaéta ku teu ayanana dina diri Kangjeng Rosul sipat dengdem, ieu téh parantos nuduhkeun kana kajembaran manahna anu mulya.

Saupami Rosulullóh, nyebarkeun Islam kalintang pisan dihinana, dina waktos 20 taun langkung. Tilu taun, susulumputan. Masarakat Arab parantos sapuk sapagodos nengtang Islam, padahal saupami téa mah Kangjeng Rosul badé niat dengdam dina nalika futuh Makkah tos sakumaha teuing tah masarakat anu parantos nyiksa anu masih kénéh kalupur. Nalika 30.000 umat Islam ngepung Makkah. Lamun kagungan sipat dengdem mah meureun parantos séép tah masarakat Makkah téh

Cobi lenyepan, nabi sapuluh taun terus-terusan dirogahala salami di Makkah.  Saba’da anjeunna terang-terangan ngalaksanakeun da’wah ‘terbuka’, anu kawitna mah tilu taun door to door, tapi saur Allóh, Fasda bimá tu maru wa a’rid anil musyrikin. Naha rosul dengdem, teu pisan-pisan. Saba’da anjeunna hijrah ka Madinah, lajeng sapuluh taun mulih deui ka Makkah meruhkeun kota Makkah. Ningali abringan umat Islam anu sakitu seueurna, masarakat Makkah anu masih kalupur téh nyarumput kabéh di imahna séwang-séwangan.

Cik sok bandungan, dina nalika aya béwara yén lamun masarakat Makkah hayang salamet, nya kudu kumpul di Baitullóh atawa di bumina Abu Sufyan. Atuh kabéh ngumpul di Ka’bah, cék Abu Sufyan, imah aing geuning disaruakeun jeung Baitullóh, hayu  atuh urang ngadeukeutan ka’bah atuh ayeuna mah. Nya di dinya Rosulullóh biantara. Pokna, “Ya ma syaro quraisyin, ma zhonantum anni fá’ilun bikum”,  Hé masarakat Qurésy, cik sok pangneguhkeun naon cik anu rék dilakukeun ku kaula ka maranéh? Kapan jalma anu baroga dosa mah sangkaanna ogé goréng patut. Aya paripaos, dina syiir, “lamun hiji jalma goréng patut kalakuanana nya sangkaanna ogé sok goréng patut”.  Aya hiji sepuh anu bari pupurungkutan nyampeurkeun kana sampéan kangjeng Rosul anu nuju ngadeg di Sofa bari pok ngawaler, ‘ari putra anu sholéh mah tangtuna ogé moal ngalakukeun naon-naon anging anu saroléh deui.

Tah lamun jénderal ayeuna mah geus pasti kabéh ogé éksékusi. Tapi naon anu dilakukeun ku anjeunna, saba’da aya hiji sesepuh anu nyarios kitu? Rosulullóh ngadawuh, nya pék, maranéh kabéh bébas, dihampura sadayana, saba’da poé ayeuna teu aya deui mumusuhan antara kaula jeung maranéh’. Teu aya sugan anu disintreukan ku Nabi, padahal sakitu lenggerna urang Makkah ka anjeunna nalika anjeunna masih aya di Makkah. Dibalédogan mah, diawuran ku tai onta mah, malah dibalédog nganggo batu badag ogé, teu kurang jeung réa-réa deui. Geus puguhning ari tuduhan tukang sihir anu gélo, tukang tenung, malah disebut penyair anu édan. Tah ieu kajembaran tina ahlak Kangjeng Rosul anu ngajadikeun urang kataji ku Islam.

Kaduana saupamina urang ningali murid-muridna anu diwurukkan ku agama ku anjeunna, di wurukan ku akidah, diwurukan ku ibadah, diwurukan akhlakna, samasakali pantesna téh anu diwurukan mah disebutna téh murid. Naha nabi kagungan murid? Apan henteu. Naha Nabi kagungan santri? Apan henteu. Naon atuh? Apan sahabat. Cik sok pangmilarikeun, aya teu kiyai di hiji pasantrén mana, anu nganggap santrina salaku sahabat, da moal aya. Hiji kiyai geus pasti nganggap muridna téh santri, tara nyebatkeun sahabat. Aya teu dosén anu nganggap mahasiswana sahabat? Aya teu hiji guru anu nganggap muridna salaku sahabat. Aya teu hiji bos anu nganggap anak buahna sahabat. Atawa hiji direktur anu nganggap bawahanana sahabat? Teu aya! Da mung rosul wungkul. Sadayana ogé dianggap sahabat. Sahabat anu pangdaleut-daleutna ka Kangjeng Rosul téh nyaéta Abu Kuhafa. Éta téh landian anu kirang saé di Arab mah, ari di urang mah kirang saé téh apan KUHP. Digentos ku Kangjeng Rosul janten Abu Bakrin, naon ari Bakrin téh? Sami sareng Bukroh anu hartosna ‘sedini mungkin’. Jadi Abu Bakrin téh jalma anu pangheula-heulana abus Islam. Kitu anu disebat Abu Bakrin téh. Malahan teu cekap ku Bakrin wungkul malah ditambih deuih ku Ash Shiddiq, cik sok lamun aya kolompok anu ngajejeléh Abu Bakar, malahan nuding anjeunna rampog, panghianat, curaling, ngarebut kakawasaan, ngarebut imamah. Naha ari ku Rosul disebat ash shiddiq, badé kumaha sikep urang ka golongan anu ngagogoréng Abu Bakar, ngajejeléh Sayidina Umar, nyacampah Sayidina Utsman, rada hésé urang pikeun deukeut kolompok jiga kitu? Mangga tingali nalika Sayidina Umar dilandi ku Kangjeng Rosul al Faruq, nyaéta jalma anu bisa ngabédakeun antara hak jeung batal. Malahan Umar al Faruq mah cintana ka Kangjeng Rosul téh bébéakan, padahal mah Kangjeng Rosul téh teu maparin naon-naon. Tah ku naon tiasa kitu. Éta téh taya kajabi, ku pangsaé-saéna ahlak Nabi.

Saking cintana Umar ka Kangjeng Nabi, dugi ka ti waktu ka waktu téh Umar salawasna aya di payuneun Nabi. Dugika Nabi ngawawadian ka anjeunna sangkan merhatikeun anu jadi kulawargana. Waler umar, demi Allóh, teu aya deui anu kalintang dipikacinta, dipikadeudeuh anging Kangjeng Rosul. Waler Rosul, ana kitu mah iman anjeun téh geus nepi ka tingkat anu sampurna. Tah kituna umar téh ku alatan deudeuhna Rosulullóh. Tapi naha ari ku golongan jalma anu ceuceub ka Umar mah kalahka dicacampah jeung dirurucah, malah disebut berhala. Asmana Umar téh dibalikeun jadi ‘amru. Keunlah ulah disebutkeun golongan mana-manana mah da meureun para pamaos ogé tos apal.

Pon kitu deui Aisyah putrina Abu Bakar, anu ditikah ku Kangjeng Rosul, dumasar kana paréntah Allóh. Dugi ka Aisyah janten pabukon leumpang. Kitu deui Hafsoh anu kantos ku Umar anu janten bapana nawar-nawarkeun putrina ka sahabat sanésna, tapi teu aya saurang ogé anu mileuheung, da kurang geulis meureun. Nya Umar humandeuar ngadeuheus ka Kangjeng Rosul, ya Rosul anak abdi, Hafsoh teu aya anu mileuheung. Saba’da Nabi ngadangu pangaduan Umar, kumaha saur nabi, da kumargi sifat harîtsun ‘alaikum, jeung azizun má anittum, saur Nabi, nya wios atuh urang tikah ku kaula. Euleuh Umar tipepereket nangkeup Kangjeng Rosul, kumargi kersa ka parawan tua.

Atuh Utsman kitu, anu nikah ka dua putri Kangjeng Rosul, dipaparin gelar, Utsman téh jalma anu boga dua cahaya jeung dua kali Hijrah, nyaéta anu kahiji ka Habsi jeung anu kaduana ka Madinah. Sadayana ogé sahabat.

Ka Ali, sok sanajan minantu, kulantaran Ali téh bener-bener béla ka Nabi, pan disebatna ku Kangjeng Nabi téh singana Allóh. Atuh éar ka mana-mana, singana Allóh téh Ali.

Kholid binil Walid nalika lebet Islam, kantos sasauran, kuring téh teu kungsi ngalahkeun perang Uhud. Da lamun téa mah harita kuring anu masih kénéh kupur, bisa ngéléhkeun Rosulullóh. Kuring bisa diéléhkeun ku Kangjeng Rosul, sabab Rosul jeung umat Islamna ogé aya kénéh. Kholid langsung dipaparin gelar, saifullóh, pedang Allóh. Teu aya deui pedang anu panghadéna mah iwal ti Kholid bin Walid. Sadayana ogé diangken sahabat.

Atuh kitu deui Aisyah, bojona ku anjeun, apan dipaparinan gelarna téh Humairo. Pan Humairo téh cék urang mah tas tina ahmar atawa tina homro hartina beureum. Ari keur istri mah warna téh hamro, ngan ieu mah teu beureum pisan, beureum meueusan pipina téh upama keur wera téh. Tah ditasgir tina hamro téh jadi humairo. Pan cék kolompok anu ceuceub ka Aisyah mah, Humairo téh cenah sasaruaan tina Himar.

Rosul ogé nikah ka Ummu Habibah, rakana Muawiah anu kacida pisan ceuceubna ka kangjeng Nabi, manéhna téh musuh kabuyutan nalika acan asup Islam, aya golongan anu ngultuskeun Ali bébéakan, nepi ka aya jalma anu nelasan Sayidina Umar, namina abu lu’luah, apan cék maranéhna mah abu lu’luah téh pahlawan sabab geus bisa maéhan berhala, nyaéta umar, padahal ku Nabi  mah Umar téh kacida pisan dipujina, malahan anjeunna kantos ngadawuh kieu ka para sahabat, “Laukana nabiyyun, lakana umar”, lamun téa mah aya deui nabi saba’da kaula, pasti Umar pijalmaeunna. Kacindekanna téh kieu, Umar téh sacara presentatif geus nyumponan sarat pikeun jadi nabi. Kumargi anjeunna janten nabi pamungkas, nya Umar teu tiasa jadi nabi. Aya deui kolompok anu ngaku aya deui nabi modél Ahmadi, atawa Musadeq. Ieu sipat rosul kalintang pisan mikacintana ka para sahabat. *** (KH. Bahrul Hayat, MA)