Katuladanan Kulawarga NABI Ibrahim as

686

UPAMI urang merhatoskeun katuladanan kulawarga Ibrohim AS, nya urang bakal mendakan sababaraha hal anu tiasa dipiara, sok sanajan Nabi Ibrohim hirup dina abad anu kalarung, 5000 taun nu kalangkung. Tapi kumargi Al Quran anu mentaskeunna, yén anjeunna téh salaku tuladan, nya ku urang bakal katingali, yén al-Quran téh hiji padoman hirup nu tiasa midangkeun sagala rupi pasualan nu bakal terus karandapan ku sakumna manusa kapayun. Ieu hal nu ngajadikeun katajina urang ku Islam.

Nalika urang nuju tasyahud, tétéla dina tasyahud téh dilebetkeun kecap Ibroohima, anu diriwayatkeun ku tilu cabang rowi. Dina ahir sholat fardlu atawa sunnat urang, rukun maca sholawat ibrohimiyah. Jelas Alloh mépélingan ka urang salaku muslim, yén Ibrohim téh kudu sering diungkapkeun.

Kahiji, anjeunna disebat minangka rajana tauhid. Kaduana, Nabi Ibrohim téh salaku hiji pamuda anu wani némbongkeun wawanénna. Al-Quran nyebatkeun, innahu fatan yuqoolu lahuu ibroohima. Nalika anjeunna ngancurkeun tapékong-tapékong atawa patung anu disembah di karajaan Babilonia harita, nu dipingpin ku raja Nimroz. Saba’da Nabi Ibrohim AS ngancurkeun patung-patung téh anjeunna mah calik di éta tempat ngantosan ditéwak. Lamun téa mah jasus milarian, jalma nu geus calutak ka karajaan Babilonia harita, nya Jasus téh babari néwakna, demi Ibrohim AS teu lumpat atawa nyumput jauh, aya di dinya. Ieu hiji wawanén nu luar biasa nu dipintonkeun ku Nabi Ibrohim AS.

Nalika Nabi Ibrohim AS katéwak, urang sering ningali jeung nguping riwayat hirup anjeunna dina nalika anjeunna mujadalah jeung raja. Dina al-Quran surat al-Baqoroh ayat 258, disebatna. Naha maneh henteu nitenan cacaritaan jalma (Nimroz bin Kusa) anu ngabantah ka Ibrohim ngeunaan Pangéranna nu geus maparin karajaan ka manéhna? Tétéla debat antara raja Nimruz jeung Nabi Ibrohim AS téh, nabi Ibrohim AS aya dina kaunggulan. Bari teu aya kasieun eutik ogé, yén Ibrohim AS bakal ditilasan, atawa bakal dihukum. Naon margina? Margi Nabi Ibrohm AS geus ngalaksanakeun paréntah Alloh SWT kalayan sampurna. Dina nalika Alloh SWT nyebatkeun ka Nabi Muhammad SAW, Waijib talaa ibroohiima robbuhu bikalimaatin fa atammahunna (al-Baqoroh 124). Dina mangsa Alloh maparinan ujian beurat ka Nabi Ibrohim AS, ku sawatara ujian, nya anjeunna tos nyampurnakeun éta paréntah, diantarana nyaéta ngancurkeun patung-patung sesembahan raja Nimroz. Tapi risikona, saba’da si Raja éléh, anjeunna kudu dihukum.

Dina nalika Nabi Ibrohim AS nyebatkeun, “Pangéran kaula mah bisa ngahirupkeun jeung anu ngamaotkeun”, Si Raja nempas, “Kaula ogé bisa, nyokot dua tawanan, nu hiji dipaéhan nu hiji deui mah diantep hirup”. Saur Nabi Ibrohim, “Fa innallooha ya tii bisyamsi minal masyriqi, fa ti bihaa minalmaghribi”, Pangéran kaula mah bsia ngadatangkeun srangéngé ti wétan, cing coba datangkeun ku andika ti kulon ka wétan, lamun enya mah kawasa”. Fabuhitalladzii kafar, éta raja téh éléh jajatén. Balukarna Nabi Ibrohim AS kudu diduruk.
Tah, nalika anjeunna nuju mayunan seuneu nu kacida ngagugudagna, harita nalika badé dialungkeun bari nganggo bandri, disumpingan ku Malaikat Jibril AS. Pok Jibril nyarios, “Hal ihtajda ila ma’uunatii”, naha ari andika butuh ku pitulung ti kaula. Walerna téh, kalayan lantang, Amma ma’uunataka falaa, anapon ku pitulung ti anjeun mah kaula teu butuh. Jibril kagét, teu nyangka. Kumaha atuh? Saur Jibril. Waler Ibrohim, “Hoyong langsung ditulung ku Alloh kuring mah”. Tah ieu téh mangrupa wujud tina, Iyyaka nasta’iin, anu pangluhur-luhurna ajénna sadunya. Iyyaka nasta’in nu ajénna pangluhur-luhurna sadunya teh nyaéta hayang langsung ditulung ku Alloh. Atuh Alloh Anu Maha Uninga, harita kénéh maréntahkeun ka seuneu, sangkan éta seuneu téh jadi tiis. Tah, katuladanan nabi Ibrohim AS dina hal ieu, jelas mangrupi katuladanan paling luhur dina masalah tauhid. Urang luar biasa katajina ku sikep Nabi Ibrohim AS anu saeutik ogé anjeunna mah teu rieuk-rieuk acan, jeung teu kabita ku pitulung Malaikat Jibril AS, tapi langsung hoyong ditulungan ku Alloh SWT, wiréh anjeunna yakin ka Alloh nu bakal nulungan. Lamun urang merhatikeun kana sikep modél kieu, mungkin urang mah masih kénéh tebih, sabab mungkin dina nalika kondisi urang bakal digencét ku hiji pasualan nu beurat, torojol datang hiji jalma nu ngasongkeun jasana, tanwandé ku urang bakal disanggupan, cik atuh tulungan kuring, tapi nabi Ibrohim mah gogodeg, ammaa ma’uunatuka falaa. Ieu katuladanan Nabi Ibrohim AS dina katauhidan.

Pon kitu deui katuladanan Nabi Ibrohim AS salaku anak, anu sok sanajan bapana, nyaeta Ajar, tetep teu daék pindah agama, tetep musyrik. Nabi Ibrohim AS tetep hormat tilawat ka nu jadi ramana, malahan tetep dina nalika ramana nyebatkeun, wahjur fi maliya, nyingkah siah ulah cicing didieu. Ieu hiji tuladan, murangkalih nu béda agama, ka bapa téh tetep hormat tilawat, saperti nu disebatkeun dina surat Luqman ayat 15. Alloh SWT ngadawuh; wa in jaahadaka ‘alaa an tusyrika bii maalayisa laka bihii ‘ilmun falaa tuthi’humaa… lamun téa mah indung bapa maranéh maksa mirusa anjeun supaya doraka ka Alloh, ulah digugu, tapi ari dina urusan dunya mah pék geura gaul kalawan hadé. Nabi Ibrohim AS parantos tipayun, méméh Luqmanul Hakim. Ari Luqman mah dina jaman Nabi Daud AS, ari Nabi Ibrohim AS mah apan éyangna Nabi Daud AS, eyangna para anbiya nu aya di Bani Isroil, kalebet éyangna nabi urang sadaya. Nu sok disebut abul ambiya wal mursalin, anjeunna tetep ngahormat ka nu jadi ramana. Pok anjeuna nyebatkeun, sa astaghfirulaka robbii innahu kana bii hafiyya. (Maryam 47. Abdi tetep badé nyuhunkeun pangampura kanggo apa, da buktosna Alloh SWT téh ka abdi kalintang pisan hémanna. Dijawab ku ramana téh. Jig geura ingkah siah, ulah deukeut-deukeut deui jeung kaula. Satungtung ramana acan maot, Nabi Ibrohim AS tetep ménta pangampura kanggo ramana. Ngan saba’da ramana, Ajar téa maot, bari dina kaayaan musyrik, Alloh SWT nyarék, ulah diteruskeun, saperti nu kaunggel dina surat at-Taubah 114. Tah ieu mangrupi katuladanan sikep ahlak Nabi Ibrohim AS nu ku urang kedah diconto.

Kitu deui dina nalika Nabi Ibrohim AS ku Alloh SWT diparéntah sangkan ninggalkeun daérah Irak Kalér harita. Sabab diusir ku raja Nimroz. Kalayan tabah anjeunna ninggalkeun éta daérah jeung indung bapana. Anjeunna sareng bojona angkat ngajugjug ka Paléstina. Ku urang Paléstina disebutna Ibrani, nu hartina téh urang sebrang. Bumén-bumén di Peléstina sakitu lamina, dugi ka yuswa 80 taun. Aya paréntah supados anjeunna dikhitan. Bayangkeun umur 80 taun, nembé aya paréntah khitan. Lamun urang kumaha tah, padahal harita mah acan aya alat saperti jaman ayeuna. Acan aya bius, laser atawa silét. Ku naon Nabi Ibrohim AS dikhitanna? Dina hadits disebatkeun, “Wakhtatana bil qoduum”, anjeunna dikhitanna nganggo kampak. Tapi éta paréntah Alloh SWT téh ditaatan sapuratina, teu aya nu ditampik, sugan ka Gusti Alloh téh ngangluh, “Aduh tong atuh Gusti, kumaha abdi kudu ngahitan sorangan? Tetep éta paréntah Alloh SWT téh dilaksanakeun kalayan sampurna. Tos bérés khitan mah, nya meureun kukuyungkungan, bari bareuh meureun. Acan aya harita mah obat modél ayeuna nu modéren. Kacipta wé panas tirisna nahan kanyeri.
Pon kitu deui dina nalika anjeunna diuji ku Alloh, nepi ka yuswa 100 taun teu boga budak. Nabi Ibrohim AS tetep boga harepan bakal boga budak. Tah ieu sikep nu kudu dipiboga ku jalma mumin, teu peunggas harepan. Nepi ka antukna Siti Sarah, garwana nu dicandak ti Irak, nalika diusir téa meredih supaya Nabi Ibrohim AS nikah deui ka Hajar urang Sudan nu dicandak ti Mesir. Saba’da dimerdékakeun, nya ditikah. Siti Sarah teu timburu ku alatan diwayuh. Tah ieu hiji conto tuladan, istri sholéhah mah. Sugan aya katimburu ka anu anom, malahan dina hadits disebatkeun. Wiréh saba’da Siti Hajar ngandeg, anu pangbingah-bingahna téh apan anu sepuh. Peupeuriheun patuangan euceu teu ngalahirkeun turunan. Syukur ti anjeun bisa, malah rék haul, lamun anjeun boga anak lalaki, euceu mah rék éqahna ogé ku 100 sapi, moal kagok. Apan enya, gubrag Ismail lahir, 100 sapi dipeuncit. Nabi Ibrohim AS dina yuswa 100 taun masih kiat pikeun boga anak. Ieu meureun 100 taun téh masih pamuda. Lamun 100 taun dina jaman ayeuna mah waah tos tos ropoh jigana téh.

Dipaparinan murangkalih nu dinamian Ismail, nu cék urang Barat mah Samuél téa. Henteu lila ti harita Nabi Ibrohim AS diuji deui ku Alloh SWT. Saba’da garwana nu sepuh nyarios, “Kang cik ulah sabumi atuh ayeuna mah, ieu rawing ceuli, di pasar loba nu nyindiran, pajarkeun téh, ari euceu iraha atuh hamil, ari anu anom tos boga deui budak, euleuh abdi asa rawing ceuli, paranas, ngalih bumi atuh. Nya Nabi Ibrohim AS pupulih ka Alloh SWT. Dawuh Alloh, tuturkeun onta hidep. Ana bras téh kapan ka hiji tempat nu disebat Bakka téa. Tah di dinya pisan Nabi Ibrohim AS ngantunkeun istrina, Siti Hajar sareng putrana Ismail. Ieu mangrupi cikal bakalna salasahiji rukun-rukun haji, saperti nu didawuhkeun Alloh SWT dina surat al Hajj 26. Jeung dina nalika Kami nuduhkeun ka Ibrohim, lokasi pangwangunan Ka’bah nu leungit ku Tsunami Nuh tiheula. Nya Alloh SWT nimbalan, Kahadé hidep ulah ngijing sila béngkok sinembah, jeung suci beresihkeun imah Kaula, tina pirang-pirang ‘diksi’ nu kaliru pikeun jalma-jalma nu thowaf, jeung jalma-jalma anu aribadah jeung anu sarolat. Saba’da dugi ka dinya, teu lami ti harita, Alloh SWT nimbalan deui. ‘Pék tingalkeun budak jeung pamajikan hidep, ulah ditungguan. Sok bayangkeun, kakara boga orok, saha bapa nu luas ninggalkeun orok jeung pamajikan di hiji tempat nu tarahal taya hara-haraeunna? Tapi ku sabab taat ka Alloh SWT nu luar biasa jerona, nya cul baé istri jeung orok téh ditinggalkeun. Réngsé nyieun saung, Ibrohim AS indit ngingkig, atuh Siti Hajar kagét luar biasa. Naha ku naon Apa téh meni rusuh teuing indit deui. Nabi Ibrohim AS teu ngawaler naon-naon. Tapi saba’da Siti Hajar sasauran; Allohu amaroka bihadza, Naha ieu téh paréntah ti Alloh? Qoola, na’am, enya. Saur Siti Hajar. Oh ari kitu mah, Alloh pasti moal ngalalaworakeun abdi duaan di ieu tempat, mangga geura angkat. Tah ieu mangrupi katuladanan hiji istri nu namina Hajar. Dikantunkeun ku hiji salaki di tempat nu tarahal taya hara-haraeunna eutik ogé. Teu aya sasaha, anu digambarkeun ku Nabi Ibrohim AS mah, Innii askantu bi waadin, ‘inda bayitikal muharrom, abdi parantos nempatkeun ti sawaréh turunan abdi di hiji lengkob nu teu aya pepelakan, palebah bumi Gusti nu dimulyakeun. (Ibrohim 37). Cul dikantunkeun, mulang deui ka Paléstina. Kumaha Hajar, anjeunna nyebatkeun. Lamun ieu paréntah Alloh, badi teu hariwang, teu aya kasieun, duaan jeung orok di tempat nu sakitu tarahal, taya jalma saurang-urang acan. Tah ieu ogé katuladanan hiji istri nu taat ka Alloh SWT sareng taat ka carogé nu kacida pisan luar biasana. Tapi nya kitu, sababaraha dinten ti harita, cisusu Hajar téh saat, ku alatan teu aya nu tiasa dileueut, nepi ka budak ceurik terus ku alatan hayang nyusu, antukna Hajar pulang anting lulumpatan antara Shofa jeung Marwah téa. Anu ieu téh dilestarikeun jadi Sa’i. dina al-Quran disebatkeun, Innashofaa wal marwata min sya’aa irillah… Saéstuna Shofa jeung Marwah téh sabagian tina lambang kaagungan Alloh. (al-Baqoroh 158). Anu dilambangkeun ku hiji istri anu sholéhah, nyaéta Siti Hajar. Tujuh kali pulang anting lulumpatan antara dua pasir. Saba’da capé, nya anjeunna ngalungsar pasrah. Jadi, hartina Hajar salaku abdi Alloh SWT tetep ihtiar, ngetrukkeun pangabisana pikeun milari cai, henteu cindekul cicing tumamprak di tempat, saperti nu dijelaskeun ku hadits Bukhori. Anjeunna yakin Alloh SWT bakal nulungan. Tétéla Alloh SWT teu ngantep abdi-abdi-Na. Dadak dumadak, aya manuk nu macokan taneuh, nepi ka mancawurakeun cai, lajeng ku Siti Hajar dideukeutan, jeung éta cai téh dikumpulkeun ku cara dihalangan sangkan teu ngalayah bari ngucapkeun, Zum-zum ya mubarok, lajeng dileueutkeun ka murangkalihna nepi ka jempling teu nangis deui.
Tah ieu sajarah lima rebu taun nu kalangkung, Alloh SWT ngébréhkeun katuladanan kumaha sikep hiji istri nu satia. Antukna jalma-jalma nomad téh loba nu muru ka lebah dinya. Maranéhna ningali di léngkob Bakka aya cai nu ngalémbang, nya maranéhna ngabrul ka dinya, tapi barang srog, tétéla aya nu bogana. Tah ku ayana hal éta Nabi Ismail AS sareng ibuna bisa hirup panjang. Ku naon? Ku barter cai jeung dahareun, nepi ka antukna di éta léngkob téh ngababakan. Opat welas taun ti harita, dilongok ku ramana, saba’da anjeunna gaduh murangkalih deui, nu namina Ishak ti istrina nu sepuh téa. Ah ayeuna mah rék ngalongok kaditu ka Bakka téa. Barang anjog ka dinya, tétéla budak téh geus gedé, 14 taun, geus sawawa. Sababaraha dinten ti dinya, anjeunna diuji deui ku Alloh, éta budak téh kudu dipeuncit. Tah ieu mangrupa ujian nu kawilang beurat, tapi dilaksanakeun. Nabi Ibrohim AS téh lain teu nyaah ka nu jadi budak nu didama-dama puluhan taun. Kitu deui lain teu héman, Siti Hajar ka nu jadi anak nu di kukut sakitu ripuhna. Pon kitu deui Ismail, lain teu nyaah kana nyawa nu kudu dileupaskeun tina ragana. Tapi katoatan jeung kacintana ka Alloh SWT leuwih ti sagala-galana. Tah ieu ogé hiji katuladanan nu luar biasa. Anu matak teu héran, lamun disebatkeun, yén kulawarga Ibrohim AS uswatun hasanah téh. Éta paréntah Alloh SWT dilaksanakeun dina ping 10 harita. Tapi geuning tétéla éta téh saukur ujian. Nalika Nabi Ibrohim AS ngagérésélkeun bedogna kana tikoro Ismail bari nyebatkeun Bismillahi Allohu Akbar, barang ningali ana bréh téh nu dipeuncitna téh hiji domba, nya puguh kagét, naha geuning budak téh bet jadi domba. Atuh ngagorowok tah takbir, Allohu Akbar, Allohu Akbar. Pon kitu deui Ismail ogé sarua kagét, sabab dadak dumadak awakna aya nu ngangkat tina lahunan bapana, nepi ka kedal ucapan Laa ilaaha illalloh. Torojol aya ucapan saperti nu dikenal ayeuna, Allohu Akbar walillaahil hamdu. Ieu takbir nu kedal ti malak Jibril AS, nu ngahaja diutus pikeun nebus peupeuncitanana. Wa fadaynaahu bidzibhin ‘azhiim. Ash Shoffat 107. Ieu mangrupa hiji ujian nu pangbeurat-beuratna pikeun hiji bapa. Ash Shoffat 106. Nabi Ibrohim AS nalika rék meuncit téh teu mangmang, éstu enyaan pisan dina meuncitna. Sok sanajan meureun karunya mah aya, da ari sipat bapa mah angger moal bisa dileungitkeun. Sipat basyariyah mah bakal tetep aya. Tah ieu mangrupi conto katuladanan nu ku urang tiasa diwariskeun.

Jadi lamun téa mah dicindekkeun, ari eusina nagara, daérah atawa kampung téh ngawengku tilu golongan. Kahiji, aya unsur pamingpin, nu diconto tuladankeun ku Nabi Ibrohim AS. Kadua, aya unsur kaom ibu nu dipintonkeun ku Siti Hajar. Katilu, aya unsur generasi muda nu dicontokeun ku Ismail AS.
Tah lamun pangeusi tilu generasi ieu di hiji daérah, hiji nagara bener-bener seiya sekata, sejalan jeung sejalin dina kataatan ka Alloh SWT, kapatuhan kana aturan Alloh SWT, kacintaan jeung kasatiaan jeung sajabana; nya yakin lamun penduduk ti tilu unsur ieu hadé kabehanana, nya bakal bérés roés ieu nagara. ***