Karakter Hukum Islam Kalintang Tartibna

909

Drs. bahrul hayatku KH.E. Bahrul Hayat

PAKTOR-paktor anu ngadorong ka urang sadaya nyepeng deleg kana Islam téh nyaéta paktor karakter hukum Islam anu kalintang tartibna. Upami ku urang diperhatoskeun kalawan jinek, ciri has hukum Islam téh aya tilu, nyaeta:
Kahiji, ‘Adamul Haroj. Sami sareng ‘Adamul ‘Usri. Tapi raosan nganggo ‘Adamul Haroj, lamun dicandak tina Al-Quran Surat al-Hajj pamungkas. Urang mendakan pidawuh Alloh “Wa maa ja’ala ‘alayikum fiddiini min harojin…- Jeung Kami henteu ngajadikeun pikeun maranéh dina aturan agama Islam téh karerepet. Kecap min harojin téh hartosna sanés mung sabagian tina karerepet, demi min didinya mah kalebetna lil bayan. Jadi hartina the sakabéh karerepet”. (QS 22: 78).
Kadua, Taqlilut Takallufi- penyederhanan beban, atanapi tiasa dihartoskeun beban-beban hukum Islam téh seueur pilihan alias alternative. Pidawuh Alloh; “Laa yukallifullohu nafsan illaa wus’aha – Alloh SWT henteu ngabebanan (ngabeungbeuratan) ka maranéh (kaum muminin) kajaba nurutkeun kadar kamampuhanna.
Katilu, Attadriju fit Tasyri’i – pensyaré’atan téh eta bertahap, henteu sakaligus.

Ieu ku urang tiasa ditingali tina piwejang-piwejang Kangjeng Rosul SAW sareng Alloh SWT anu maréntahkeun yén ngalarapkeun hukum Islam téh henteu sakaligus, tapi nurutkeun tahapan-tahapan. Pon kitu deui dina ngalarapkeun tahapan atikan ka anu jadi barudak éta ogé henteu kénging sakaligus.
Tilu paktor hukum Islam nembé, urang wincik hiji-hiji kalayan jero ti kawit anu kahiji, nyaeta: ‘Adamul Haroj, dumasar kana ayat 78 surat al Hajj di luhur. Cik cobi pangmilariankeun kinten-kintenna naon diantawis hukum-hukum Islam anu dianggap sulit. Malahan dikiatkeun ku pidawuh Alloh SWT dina surat al-Baqoroh nu unggelna; “Yuridullohu bikumul yusro walaa yuridu bikumul ‘usro…”. Alloh ngamaksad kagampangan pikeun maranéh, jeung Alloh teu ngamaksad pikeun maraneh kasulitan”. (al Baqoroh: 185)
Mangga bandungan sareng tingali ku sadaya. Saupami hukum Islam anu dilaksanakeun ku para mukallaf, naha aya diantawisna nu nimbulkeun kamadlaratan? Saperti syaréat atanapi hukum-hukum anu dilarapkeun ku agama séjen, saperti agama Hindu, Budha. Kapan dina agama Hindu mah nu disebut takwa téh beurat pisan. Takwa cék agama Hindu mah moksa. Tah keur ningkatkeun kualitas katakwaan, hiji jalma téh kudu nyorang atawa ngaliwatan syaréat anu disebut samsara. Naon ari samsara téh? Nya sangsara meureun cék Sunda mah. Contona téh saperti leumpang dina ruhak anu ruhay atawa malikeun awak, suku ti luhur, sirah di handap atawa ngeueum manéh dina leuwi samet gado jeung réa-réa deui.

Ieu jelas agama nu matak nimbulkeun kasulitan-kasulitan pikeun para pemeluk éta agama. Kukituna dina Islam mah teu dikenal anu disebut mati geni. Naon kitu ari nu disebut mati geni? Nyaéta anu puasa teu buka dina waktu maghrib. Aya istilahna wishol téa, tapi éta mah husus ukur kanggo Kangjeng Rosul SAW. Ari pikeun ummatna mah apan teu dikacikeun, “Pikeun kaula wungkul, arandika mah ulah, sabab bisa ngarépotkeun”. Kuk ituna nyiksa diri, saperti puasa nu henteu buka waktu maghrib atawa takwa nu teu diparéntahkeun ka satiap mumin sadaya éta henteu aya kasulitan eutik ogé.
Kusabab kitu, tingkatan takwa téh kapan jelas dina al-Quran mah rupi-rupi. Ari idéalna mah mémang, “Ittaqullooha haqqo tuqotih.. (Ali Imron: 102), tapi dinu séjén ogé aya, “Ittaqulloha mastatho’tum… – prak maranéh kudu takwa ka Alloh numutkeun kadar kamampuh maranéh”.

Upami ku urang diperhatoskeun bentuk-bentuk kalimat ieu. Écés ieu téh kana mempermudahna ajaran Alloh SWT ka para pengikutna nyaéta kaom muslimin muslimat. Pék tingali, upamana dina infak, apan kantun milih. Milih téh hartosna gumantung kana kumaha kondisi meureun. Sok geura bandungan, “Yas aluunaka maadzaa yunfiquun…. Apan jawabna téh qulil ‘afwa (al-Baqoroh: 219). Maranéhna geus nanya ka hidep Muhammad, naon atuh anu kudu di napakahkeun téh? Pok béjakeun ku hidep, nya leuwihna tina anggaran balanja, atawa sésa-sésa balanja meureun, sésa pamulang urut meuli sambeleun. Heug kumpulkeun, geus beubeunangan sabulan heug bikeun, qulil ‘afwa. Tangtuna ogé ieu téh aya pakaitna jeung hukum at-Tadriju fit Tasyri’i atawa bertahap dina ngalaksanakeunna.
Tingkatan takwa anu kadua. Ieu ogé masih dina bagbagan inpak kénéh, nyaéta: “Yas aluunaka maadzaa yunfiquun. Qul maa anfaqtum min khoirin…”. (al-Baqoroh: 215). Prioritas anu kudu jadi sasaran inpak téh nyaéta kolot, dulur deuheus. Undak deui, ieu ogé sami masih takwa kénéh; “Lan tanaalul birro hatta tunfiquu mimmaa tuhibbuun…”. Moal disebut kahadéan lamun acan bisa nganapakahkeun naon anu dipikaresep ku maranéh mah. (Ali Imron: 92). Saperti urang keur nyekel Hapé Android. Cék babaturan téh, euleuh ku saé pisan éta hapé. Cék urang hoyong, hoyong. Mangga atuh ari palay mah. Kacida luar biasana. Tapi aranglangki pisan anu gaduh sikep kitu téh. Urang keur diuk dina motor bari nyekel stang. Cék batur téh ka urang, duh ku saé pisan éta motor. Hoyong? Golosor dibikeun ku urang téh. Tah éta téh lantanalul birro hatta tunfiquu mimmaa tuhibbuun, naon anu dipikaresep ku urang dibikeun.
Éta téh kaasup masih kénéh handap, lamun dibandingkeun jeung “Wa yutsiruuna ‘alaa anfusihim wa laokaana bihim khoshooshoh…“ (al-Hasyr: 9). Ieu ogé takwa kénéh, ngan kaasup kana tingkatan takwa anu pangluhur-luhurna. Maranéhna leuwih ngutamakeun pikeun dulur-dulurna, kajeun teuing diri sorangan barutuh ogé. Ieu kajantenan téh aya dina jaman Kangjeng Rosul SAW. Para shahabat téh kitu buktosna.
Hartosna urang kantun milih, dina ngalaksanakeun hukum téh diluyukeun jeung situasi katut kondisina. Tapi jelas anu pangpentingna mah aya pangakuan Alloh SWT kana bentuk-bentuk takwa tadi.
Malahan disebut kénéh anu takwa, jalma anu lamun téa mah migawé ma’siyat. Anu penting mah gura-giru émut ka Alloh SWT sarta istighfar. Anu kitu ogé takwa kénéh disebutna téh. Cobi tingali dina surat Ali Imron Ayat 133 dugi ka Ayat 136. “….walladziina idzaa fa’aluu faa khisyatan au zholamuu anfusahum dzakarulloh….”.
Padahal ayat éta tidituna téh u’iddat lil muttaqiin (Ali Imron: 133). Ari jalma anu muttaqin téh nyaéta: “alladziina yunfiquuna fissarroo I wadldlorroi….”. (Ali Imron: 134) apan tungtungna téh, nyaéta anu kaunggel dina ayat salajengna (Ali Imron: 135), anu sipatna téh alladziina idzaa fa’aluu faahisyatan….”. Jadi jalma anu takwa mah lain jalma anu serba wah saperti para nabi, henteu pisan-pisan. Pareng ngalakukeun hiji fahsya atawa pagawéan mesum. (Demi fahisyah atawa fahsya sareng mungkar mah ngagaduhan hartos anu bénten). Dina ayat tadi, Alloh milih kecap fahisyah, nyaéta pagawéan dosa anu kudu aya layanna. Ari mungkar mah teu kedah aya layanna. Saperti jinah, judi, ngomongkeun batur éta kaasup fahisyah. Jalma-jalma anu katalanjur tigebrus kana fahiysah tuluy gura-giru émut ka Alloh SWT sarta istighfar, éta ku Aloh SWT diangken jalma nu takwa. Manéhna teu boga karep eutik ogé pikeun balik deui kana laku lampah éta dosa. Tah maranéhna téh ulaaika jazaauhum maghfirotun mirrobbihim…..”. (Ali Imron : 136). Tah ieu conto-conto anu nerangkeun karakteristik atawa tabéat hukum Islam anu mémang méh ampir henteu aya kasulitan naon-naon.
Pon kitu deui dina pelaksanaan ibadah saperti sholat, gerakan-gerakan sholat anu dilakukeun ku urang sadaya, naha éta hésé atawa henteu? Ngangkat panangan, ruku, lajeng sujud ogé tahiyat. Cobi naon kasulitanna? Saolah-olah palaksanaan ibadah saperti sholat téh diluyukeun jeung anatomi tubuh urang. Naha Alloh parantos nyiptakeun anatomi awak urang téh tos dirancang ti anggangna kanggo syaréat sholat? Wallohu ‘alam, henteu terang. Atawa mémang éta syaréat sholatna anu diluyukeun jeung gerakan badan urang anu sakieu gampilna.
Nyakitu deui gerakan thowaf muter. Anu muterna the ka katuhu. Ieu langkung gampang batan muter ka kenca. Mangga we cobian ku kadang wargi, lamun muterna ka kiwa, apan bakal beurat, saperti puteran jarum jam. Ari thowaf mah sabalikna tina puteran jam di urang eta panggampilna.
Pon kitu deui gerakan wukuf anu dilakukeun ku urang, apan éta lamina téh teu dugi ka mingguan. Urang cicing di Arofah, apan ukur sapoé. Malahan jalma anu kakara datang, asal panon poéna acan surup, apan geus kaci wukufna téh. Saperti kieu, nalika hiji jalma asup ka tempat wukuf satengah genep, lima menit ti harita sup wéh panon poé surup, apan kaci kénéh, ieu taya kasulitan. Naon cobi kasulitanna. Cenah éta jihad, perang, kasulitanna téh, heueuh lamun baturna merangan, ari henteu mah cicing wé. Numawi henteu aya ajaran téroris dina Islam mah. Henteu puguh-puguh nyerang jalma-jalma anu teu tuah teu dosa, henteu aya anu kitu dina Islam mah.
Cenah aya bikeuneun, sok bikeun, ah teu aya, henteu nanaon saperti jalma anu keur saum. Aya bikeun, pék bikeun, ari teu aya mah sok atuh imut sing loba, apan imut téh kaasup shodaqoh kénéh lin. Ngan kahadé ulah umat-imut sorangan wé. ***