Kaistimewaan Taun Islam

828

ku : KH. E. Bahrul Hayat

UPAMI ngabandungan antawis taun Islam sareng taun-taun nu sanésna, nya urang bakal mendakan kaistiméwaan-kaistiméwaan taun Islam. Kaistiméwaan nu kahiji, taun Islam mah teu aya pakaitna jeung jasa hiji jalma. Taun Islam teu aya pakaitna jeung katokohan hiji jalma. Taun Islam teu aya pakaitna jeung sajarah pribadi hiji jalma.

Nalika Sayyidina Umar nampi serat ti Guvernur Mesir anu wastana Sa’ad bin Abi Waqqosh; nu nyebatkeun serat ti Amirul Muminin nu teu nganggo kaping, sasih sareng taun téh tos katampi, harita Umar ngarenjag, alah bener urang acan boga taun nya. Nya ngariung. Harita nu ngariung téh pembantu-pembantuna kholifah, nu harita kakara limaan, diantarana nu kakoncara téh nyaéta mentri kehakiman atawa mahkamah nu jenenganna Ali bin Abi Tholib. Écés Ali ku anjeun salaku mentri Sayyidina Umar henteu nampik kana éta jabatan, sapertos nu diramé-ramé ku aliran Syi’ah antawis Sayyidina Ali sareng Umar téh aya ketegangan, Alhamdulillah geuning sayaktosna mah teu aya kaharenghengan naon-naon. Sayyidina Ali nampi kana jabatan kementrian salaku Ketua Mahkamah, pon kitu deui sakumna Bani Hasyim ogé satuju.
Harita ku Sayyidina Umar diajengkeun hiji patalékan, saha diantara nu hadir ayeuna nu boga inisiatif, wiréh kuring téh narima surat, nu nyebatkeun yén urang téh acan boga taréh acan boga kalénder. Kinten-kinten pantesna kalénder Islam téh iraha? Harita aya nu usul, kumaha lamun kalénder Islam téh dikawitan ti saprak lahirna Kangjeng Rosul. Sanggem Umar, apan Islamna ogé acan lahir, aya deui nu nyarios, kumaha upami ti saprak Rosululloh SAW ngalaksanakeun Isro Mi’raj. Ah entong, sabab harita Islam téh acan katingali, masih di Makkah kénéh. Atuh ditampik éta ogé. Nya aya nu usul deui, anu katawisna Sayyidina Umar kalintang panujuna. Anu usul téh taya sanés Sayyidina Ali, anjeunna nyebatkeun kumaha cenah pangersa upami taun Islam téh urang kawitan ti kawit hijrahna Rosululloh SAW ti Makkah ka Madinah sacara kolosal. Ari sacara kolosal téh maksudna mah ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut. Tah éta, saur Sayyidina Umar, nu aya dina pipikiran kaula ogé, panuju pisan. Nya atuh urang tetepkeun ti kawit hijrahna kaom muslimin anu dilaksanakeun ti Makkah ka Madinah téa. Tah ieu mah teu individu, sabab hijrahna sadayana. Atuh deuih hijrah téh ngarupikeun hiji momentum, anu Islam ngawitan nataan kahirupan kaom muslimin tina pirang-pirang gangguan-gangguan teu sapertos Islam masih kénéh aya di Makkah. Waktos di Makkah mah kapan tilu welas taun, éstuning teu aya pisan kamampuhna kaom muslimin pikeun nataan ka-Islamanna, kumargi panguasana masih dicepeng ku jalma-jalma nu malusyrik. Nya kalayan widi Alloh, hijrah dikawitan. Ari hijrahna iraha? Hijrahna mah dilakonan ku Nabi SAW téh dina taun ka 13 tina karosulan, pasna mah dina sasih Robiul Awwal, ping 12 dinten Senén.

Jadi ieu mangrupi kahérananna hiji tokoh Inggris nu ngaranna Arnold Toyyinbe, nu nyebatkeun kuring hélok ku nabi umat Islam mah, lahirna, hijrahna jeung wafatna téh sarua, pon kitu deui dintenna, kapingna jeung sasihna ogé sami, nyaéta Senen 12 Robiul Awwal. Janten katangtosan hijrah téh sayaktosna mah ti sasih Robiul Awwal.

Tapi naha geuning urang sok ngaramékeunna dina bulan Muharrom? Sumuhun ari Muharrom mah bulan kahiji dina taun Islam. Taun Islam téh disebatna taun hijriyah, ku jalaran harita Sayyidina Umar nu mutuskeun. Sok upami ku urang dibayangkeun, saupami diétang, Nabi SAW 13 taun calik di Makkah, dikawitan hijrah téh dina taun ka 14 tambihan wéh 10 taun. Opat welas sareng sapuluh. Hartosna taun ka 24 H, Kangjeng Nabi wafat. Dua taun satengah, Abu Bakar janten kholifah. Hartina Abu Bakar maotna dina taun sabaraha? Dina taun ka duapuluh genep majeng. Gentos ku Sayyidina Umar. Tah dina waktos Sayyidina Umar janten kholifah, harita anjeunna nangtoskeun taun Islam téh. Sebatkeun wéh tos dua atawa tilu taun anjeunna janten kholifah. Dua taun satengah ditambih tilu taun éta sami sareng lima taun satengah. Hartosna nangtoskeun katangtosan kalénder Islam téh saba’da Sayyidina Umar nyepeng kalungguhan kholifah. Nya ditetepkeun wéh, tah atuh, saur Sayyidina Umar. Urang téh tos taun saanu.
Tah perkawis antawisna hijriyahna nami taun, anapon Muharromna awal bulan. Jadi tangtos, bilih aya nu kirang ngartos, naon pangna ari hijrah diramékeunna Muharrom, teu bulan Robiul Awwal, anu jadi kasangtukangna mah ku gantina taun. Séép Dzulhijjah asup kana taun anyar, apan masih tetep wé taun hijriyah, tong Muharrom baé taun hijrah téh bisa shofar, Robilu Awwal jeung sajabana, éta taun hijriyah kénéh. Mung pami miéling hijrah mah, antebna mah dina sasih Robi’ul Awwal. Mung ieu mah umumna umat Islam sok miéling ma’na hijrah.
Jadi taun Islam mah beresih tina kultus individu, bénten sareng taun Jawa. Taun Jawa mah ditetepkeun kalayan sebutan taun Saka. Taroskeun geura ka urang Jawa. Wiréh dina nalika Aji Saka sumping ka tanah Jawa, bari nyandak huruf Palawa, nya kalénder taun Jawa dikawitan, hartina ieu ngandung unsur kultus individu. Taun Maséhi, mangga bandungan apan ngandung unsur pendéwaan ka Yésus Kristus. Al-Masih téh taya sanés anging Yésus, dikawitan ti lahirna Nabi Isa AS. Jadi nalika Nabi Isa AS lahir, nya mimiti dijieun kalénder Maséhi, ieu masih ngandung unsur kultus individu.

Kitu deui taun Jepang. Taun Jepang ditangtoskeun dina nalika kaisar munggaran Jepang nu jenenganna Kaisar Hino diangkat salaku kaisar munggaran di Jepang. Kaisar Hino dianggap turunan Déwa Amitrasu Ame Tama atawa Déwa Matahari, nu dipidangkeun dina buku métologi Jepang, nu ngaranna Refuzi, disebutkeun yén taun Jepang téh dikawitan ti saprak kaisar munggaran Jepang, Kaisar Hino, nu dianggap turunan dewa matahari. Pon kitu deui taun China, Pérsia jeung taun mana baé ogé sok dihubungkeun jeung inohong-inohong atawa ngandung kultus individu. Demi taun Islam mah kalintang istiméwa pisan. Panangtuan kalénder Islam, éstuning beresih tina kultus individu, beresih tina pendéwaan, kalebet nami bulan-bulanna, sadayana beresih tina unsur individu.
Upami ngabandungan bulan-bulan Maséhi, nami-namina sadayana dicandak tina déwa-déwa sembahan bangsa Roma. Januarius, Fébruarius, Martius, Afrilis, Mayus, Junius, Séxtilis, Quéntilis, Septémberius jeung sajabina. Éta téh nami-nami déwa nu disembah nu bangsa Roma kapungkur, tapi dicampur sareng Maséhi. Nami-nami bulanna ti déwa kapercayaan urang Roma, panangtuan taunna mah saprak lahirna Nabi Isa AS. Geus puguh ieu mah pagalona antara kultus ngadéwakeun Yésus jeung ngadéwakeun ka déwa. Pon kitu deui dina bulan-bulan China, dina Cap Goméh téh aya kapercayaan ka déwa-déwa.

Kumaha ari Islam? Islam mah panangtuan katangtuan sasihna éstuning teu aya saurang ogé nu namina téh sasih tokoh, saperti sasih Abu Bakar, sasih Umar atawa sasih Ali sareng nami shahabat séjénna apan teu aya. Jadi dina Islam mah panangtosan sasih téh pakaitna sareng parobahan usum. Muharrom sasih kahiji, hartosna bulan anu diharamkeun atawa anu dimulyakeun. Maksadna diharamkeun perang. Ieu diantawis nu disebat sasih haram, atawa sasih nu dimulyakeun téa, saperti nu kaunggel dina Surat at-Taubah ayat 36. Shoffar dicandak tina kecap ashfar hartina konéng, anu dimaksad konéng didieu nyaéta dangdaunan, hartosna usum muguran. Robi’ul Awwal, Robi’ul Tsani, hartos Robi téh ngijih, jadi usum ngijih atawa usum ngecrekna hujan. Jumadil Ula atawa Jumadil Tsaniyah ieu ogé beresih tina unsur pendéwaan. Jumad hartina beku, atuh meureun usum és. Rojab tina rojbun asal tina azhbun hartina agung. Demi ku kaagungan Alloh parantos milih ieu bulan téh minangka bulan sejarah, Isro Mi’raj nu janten hiji peristiwa nu kalintang ahéngna, ditetepkeunna sholat nu lima waktu.

Kitu deui Sya’ban nu aya pakaitna jeung kaagamaan, hartina ngarandakah cabangna. Hartina wa syo’aba fihi khoiron katsir, kahadéan téh bercabang-cabang, margi parantos tatahar kanggo mayunan Romadlon téa. Romadlon debu (kebul, lebu), hartina dosa umat Islam téh ancur saperti lebu, dihampura ku Gusti Alloh. Syawal tina kecap Syala – Yasyulu hartina undak, saperti irtafa’a yartafi’u, jadi Syawwal téh hartina kacida pisan ngaronjatna, kalintang pisan ningkatna, maksadna kataqwaan kaom muslimin nu parantos ngalaksanakeun shaum téh ningkat pisan. Lajeng Dzulqoidah nu hartina diuk, santai, da umumna umat Islam téh sok santai dina sasih kasawelas mah kanggo ngapalkeun manasik haji. Dzulhijjah écés waktu pikeun ngalaksanakeun ibadah haji.
Jadi ningali kana nami-nami sasih Islam, teu aya saurang ogé nu dikultus-kultuskeun, saperti nu aya dina sasih-sasih Maséhi. Janten Islam mah tong bujeng-bujeng dina masalah kaimanan, dalah dina nangtukeun kalénderna ogé beresih tina unsur pendéwaan. ***