Kaderisasi Ulama Ngojot, Elmu jeung Pendidikan Morosot

909

DEWANDAKWAHJABAR.COM– Dina ajaran Islam, posisi ulama kacida istiméwana. Ulama hiji-hijina jajaran umat Islam anu disebut ku Rosulullah salaku jalma anu narima tur neruskeun warisan ajaran para nabi. Kusabab boga posisi anu penting, Allah nerangkeun yén ulama boga darajat anu luhur (QS 58: 11). Allah SWT ogé ngajéntrékeun yén ulama jadi jalma anu méré kasaksian ngeunaan kaésaan Allah (QS 3: 18). Puncakna, ulama disebut ku Allah salaku hiji-hijina jalma anu sieun ka Anjeunna.
Kusabab jadi jalma anu neruskeun perjuangan para nabi, ulama sok mintonkeun diri salaku pejuang sarta anu ngabéla agama Islam. Alat anu dijadikan pakarang anu dipaké ku ulama pikeun ngabéla agama Islam lain bedil atawa bom, tapi élmu. Hal éta saluyu jeung katerangan Rosulullah SAW yén anu diwariskeun ku para nabi téh lain dinar atawa dirham, tapi élmu. Hal éta nandeskeun yén masalah élmu dina ajaran Islam mangrupakeun masalah anu penting pisan. Kusabab anu jadi senjata téh élmu, hirup jeung waktu ulama loba dibéakeun pikeun hal-hal anu aya pakuat-pakaitna jeung élmu.
Salian élmu anu luhung, akhlak ulama gé sarua luhungna. Akhlak jeung élmuna saluyu. Euweuh nu papalimpang tina salah sahijina. Saperti urang bisa maca sejarah hirupna dina buku-buku tarajum, thabaqat, tarikh, jeung sirah. Hirup ulama loba anu zuhud, wara, soléh, tur osok ngajaga anggang jeung panguasa. Malahan, loba ulama anu nolak jabatan tur harta anu dibéré ku panguasa. Teu saeutik anu milih disiksa atawa dibui gara-gara boga pamadegan anu béda jeung pamaréntah.
Tah jiga kitu sajarah ulama urang baheula téh. Kumaha sajarah ulama jaman ayeuna? Malahan, dina pertanyaan anu rada ékstrim, naha jaman kiwari aya kénéh jalma anu bisa disebut ulama? Sabab, leungitna ulama dina kahirupan urang lain hal anu leutik, tapi hal anu kacida penting. Dina salah sahiji hadits Rosulullah ngajéntrékeun yén lobana kabodoan dina kahirupan manusa téh lain pedah manusa teu boga élmu, tapi Allah geus nyabut nyawa ulama hiji-hiji. Dina kaayaan kawas kitu manusa ahirna loba ngangkat “ulama palsu”. Ngan kusabab teu boga élmu anu bener, ulama palsu mah lain méré hidayah ka manusa, tapi kalah méré kasasaran.
Hal éta ditandeskeun ku Ustadz Miftah Faridl. Ustadz Miftah ngajéntrékeun, “Terus terang, sim kuring hariwang ku posisi ulama jaman kiwari. Geus loba anu maraot. Kaayaan éta moal bisa ditahan-tahan ku urang. Tapi, kaderisasi ulama justru kurang dipilampah. Malahan, urang bisa ngabandungan, loba ulama anu ninggalkeun umat, atawa ditinggalkeun ku umat.”
Ustadz Miftah ogé ngarasa sedih ku kharismatik ulama jaman ayeuna. “Salah sahiji anu jadi ukuran nyaéta karya anu pinunjul. Ulama baheula loba karya anu luhung tur monuméntal. Ulama baheula daria ku tugas kaulamaanna. Imam Malik jeung Imam Ahmad bin Hanbal nolak jadi pajabat nagara. Duanana fokus kana kaulamaan nepika bisa ngalahirkeun karya-karya kualitasna luhung. Buktina, nepi poé ieu, buku anu ditulis ku aranjeuna masih kénéh bisa dibaca ku manusa jaman ayeuna”.

Pendidikan Sakuduna Ngalahirkeun Ulama
Ngalahirkeun ulama unggul kelas Imam Syafii, Ahmad bin Hambal, Al-Ghazali, Ibnu Taimiyah, jeung sajabana, lain pagawéan anu gampang saperti malikkeun dampal leungeun, tapi éta téh pagawéan anu panjang pisan. Ulama anu jiga kitu teu bisa dilahirkeun sapoé dua poé jiga ajang pencarian bakat anu néangan calon penyanyi, pamaén sinétron, atawa hal-hal séjén anu merhatikeun fisik manusa wungkul. Tapi, ulama jiga kitu kudu dilahirkeun ngaliwatan perjalanan anu panjang. Hiji-hijina tempat anu pas pikeun ngalahirkeun ulama anu unggul nyaéta pendidikan.
Dina pendidikan Islam, hal-hal anu aya pakuat-pakait jeung otoritas guru, adab néangan élmu, tujuan néangan élmu, rupa-rupa élmu anu kudu ditéangan, jeung sajabana, diterangkeun écés pisan saluyu jeung pandangan hirup Islam (islamic worldview). Pendidikan jiga kitu anu baheula kungsi ngalahirkeun ulama kuat anu ngabéla Islam ku élmu.
Anu jadi panalék urang ayeuna, kira-kira pendidikan umat Islam ayeuna jiga kumaha? Naha pendidikan urang geus bisa ngalahirkeun ulama-ulama saperti Imam Syafii, Al-Ghazali, jeung Ibnu Taimiyah? Atawa sabalikna, pendidikan umat Islam jaman kiwari jauh dina kualitas idéal nepi ka teu mampuh ngalahirkeun ulama anu unggul dina bagbagan élmu?
Jaman kiwari, mayoritas umat Islam geus salah dina ngahartikeun pendidikan. Aya anu boga pamadegan yén pendidikan téh kelas, bangku, gedong anu bertingkat, jeung sajabana. Aya ogé anu boga pamadegan yén pendidikan téh ijazah jeung gelar akademik ti mimiti S1, S2, nepika S3. Ku pamadegan kitu, anu disebut “manusia berpendidikan” téh nyaéta jalma anu lulus ti bangku kelas jeung boga gelar S1, S2, nepi S3. Henteu anéh, kusabab hayang jadi “manusia berpendidikan”, loba jalma anu boga tujuan ngan saukur ngudag gelar akadémis. Sanajan kudu diudag ku cara-cara anu teu berpendidikan. Malahan, anu leuwih parna, loba jalma anu ngudag hal-hal éta ku jalan anu henteu berpendidikan. Akibatna, loba jalma anu gelarna panjang, tapi kualitas élmuna teu sabanding jeung gelarna. Jalma jiga kitu teu kungsi nulis, teu boga karya gedé, jeung sajabana. Jalma jiga kitu mah jauh pisan lamun dibandingkeun jeung Imam Syafii, Al-Ghazali, atawa Ibnu Taimiyah.
Sabab paling gedé anu ngajadikeun pendidikan urang hésé ngalahirkeun ulama nyaéta masalah liberalisasi. Hal éta dibenerkeun ku Prof. Dr. Syihabudin. Guru besar ti Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) éta ngajelaskeun, “Liberalisasi pendidikan geus nerekab kana dunia pendidikan. Salah sahijina sekolah tinggi anu jadi universitas. Hal anu jadi ciri khas lembaga pendidikan tinggi kudu disaluyukeun jeung standar internasional”.
Salian masalah liberalisasi, aya masalah séjén anu ceuk Syihabudin jadi masalah dina pendidikan urang, nyaéta kaom élmuwan anu jadi tukang dagang téori-téori Barat. “Élmuwan jadi tukang dagang téori Barat. Loba dosén anu ngadagangkeun faham-faham asing. Maranéhna ngarasa alus lamun nyutat téori ti Barat”.
Anu leuwih bahaya sabenerna mah liberalisasi kaélmuan, kaasup liberalisasi anu meuweuh di kampus-kampus anu boga labél Islam. Satungtung ieu liberalisasi kaélmuan geus gagal ngalahirkan ulama. Liberalisasi ngan ngalahirkeun tukang kritik Islam (dékonstruksi) wungkul, lain ulama anu ngabéla Islam ku élmu. Tukang kritik kitu boro-boro pantes disebut ulama anu sarua jeung Imam Syafii, Al-Ghazali, Ibnu Taimiyah, jeung sajabana. Tukang kritik kitu leuwih pas disebut ulama palsu. Ulama anu disebut ku Rosulullah SAW salaku pamimpin-pamimpin bodo, palsu, sasar jeung nyasarkeun umat. Teu anéh lamun tukang kritik Islam jeung ulama palsu jiga kitu wani ngahalalalkeun anu diharamkeun atawa ngaharamkeun anu dihalalkeun ku Allah. Kabeneran, kasalahan, pituduh, jeung kasasaran bisa jadi abu-abu dumasar pamadegan ulama palsu jeung sasar mah. Sabab, dumasar pamadeganana, euweuh jalma anu apal kabeneran. Anu apal kabeneran mah ngan Allah. Kusabab kitu, kabéh bebeneran sipatna rélatif, bisa bener bisa salah. Lamun kabéh rélatif, pikiran ulama palsu jeung sasar ogé atuh rélatif, teu pasti bener. Kusabab kitu, pikiranna teu bisa dijadikan pamadegan ku urang.
Karuksakan jiga kitu tacan ditambah ku tujuan-tujuan sékular anu aya dina pendidikan. Jalma anu hayang sakola téh pedah tujuanna hayang meunang gaji gedé tur jadi Pegawai Negeri Sipil (PNS). Akibatna, lamun tujuan-tujuan éta geus dipiboga, loba jalma “berpendidikan” anu eureun néangan élmu. Boro-boro pikeun maca jeung nulis karya ilmiah, ngan saukur maca wungkul gé geus ngedul. Akibatna, élmuna teu nambahan.

Karuksakan Élmu.
Dina salah sahiji bukuna, Prof. Syéd Muhammad Naquib Al-Attas kungsi nulis, yén tangtangan pangbeuratna anu disanghareupan ku umat Islam jaman ayeuna nyaéta tangtangan élmu, tapi lain élmu dina harti ngalawan buta huruf, tapi élmu anu dipaham ku pandangan hirup Barat jeung disebarkeun ku Barat ka peradaban manusa. Prof. Al-Attas nulis, I venture to maintain that the greatest challenge that has surreptitiously arisen in our age is the challenge of knowledge, indeed, not as against ignorance; but knowledge as conceived and disseminated throughout the world by Western civilization”.
Dina ajaran Islam, élmu boga posisi anu kacida pentingna. Islam ngajarkeun élmu kaasup bagian agama jeung agama bagian tina élmu. Dua hal éta teu bisa dipisahkeun. Malahan, dua hal éta anu jadi sabab peradaban Islam unggul. Peradaban Islam nyaéta peradaban élmu jeung agama sakaligus. Peradaban jiga kitu anu baheula kungsi jadi eunteung dunia salila sababaraha abad-abad.
Hal jiga kitu béda pisan jeung kabiasaan anu aya dina peradaban Barat. Ceuk masarakat Barat, élmu jeung agama téh dua hal anu béda. Agama lain bagian tina élmu, élmu ogé lain bagian tina agama. Kusabab kitu, dina sajarah peradaban Barat, élmu jeung agama sok silih paéhan jeung silih perangan. Dina abad pertengahan, upamana, kepausan (papacy) kungsi ngadegkeun hiji lembaga anu ngaranna inquisition. Lembaga éta téh pangadilan anu boga tugas ngadilan jeung nyiksa kaom élmuwan. Pikeun jaman harita, kaom élmuwan diperangan ku kakawasaan Gereja kusabab geus milampah pagawéan anu disebut heresy (bid’ah).
Adian Husaini ngabenerkeun pamadegan Prof. Al-Attas. Dumasar pamadeganna, “Masalah paling penting jaman kiwari nyaéta ngeunaan karuksakan élmu. Masalah politik anu teu kungsi anggeus masalahna di mana? Padahal pangawasa muslim, gubernur muslim, mayoritas padumuk muslim. Tapi, kunaon masalah kalah tambah loba? Jawabanna kusabab élmu”.
Adian nyontokeun pelajaran sejarah anu geus ruksak. “Kakacowan élmu bisa ditinggali dina élmu sajarah. Dina sajarah disebutkeun yén amal manusa bisa ditéangan dina asal-usul tulang. Padahal manusa téh lain ngan saukur kulit, daging, jeung tulang. Manusa boga akal jeung jiwa. Lamun ngan saukur ngomongkeun tulang, éta lain sajarah manusa, tapi sajarah tulang”, ceuk Ketua Program Studi Pendidikan Islam Universitas Ibnu Khaldun Bogor.
Karuksakan élmu jelas lain ngan ngait élmu sajarah wungkul, tapi élmu-élmu séjén ogé geus kabaud. Salah sahiji virus anu ngaruksak élmu-élmu téh nyaéta sékularisme. Paham anu ngamusuhan kabéh agama téh nyusup kana élmu-élmu nu aya. Leuwih parnana, kasalahan téh terus dilarapkeun dina sistem pendidikan. Hal éta anu antukna nyababkeun peradaban Islam teu maju-maju. Padahal, unggal taun perguruan-perguruan tinggi urang loba anu ngaluluskeun ahli-ahli dina widang kadokteran, pulitik, ékonomi, psikologi, pendidikan, linguistik, seni, jeung sajabana.

Selengkapnya, silahkan miliki majalah Islam bahasa Sunda Bina Da’wah edisi Juni 2012, dapatkan di agen atau dibagian sirkulasi Jl. Pungkur No. 151 Bandung