Jauw Fok Joe, Ahok Jeung Basaria Panjaitan; Dina Pusaran Korupsi Sumber Waras

836

KPK anu salila ieu dielu-elukeun minangka manusa satengah déwa pemberantas korupsi di tanah air téh nyatana mah ngan bulsit alias bohong bin wadul. KPK kakara tanginas tur sumanget nalika aya pajabat muslim kajiret korupsi najan nilaina ngan saeutik. Tapi nalika anu kajiretna pajabat non muslim, KPK mémblé ngusutna ogé daék-daék hanteu-hanteu. Saperti anu kajadian dina kasus korupsi Rumah Sakit Sumber Waras.

KPK meni talangké, lélét atawa mémblé dina ngungkulan skandal pembelian lahan RS Sumber Waras atawa Sumber Waras Gate ku pamaréntah provinsi DKI Jakarta. Padahal, dumasar audit BPK, ieu kasus ngarugikeun Nagara nepika Rp. 191 miliar.

Naha KPK ngepér alias sieun? Ieu nimbulkeun loba spékulasi. Ngan dumasar kana pemberitaan situs portal berita bisnis, nyatana aya keterlibatan tokoh istana dina ieu skandal. Éta Tokoh téh nyaéta Jan Darmadi (Jauw Fok Joe) anu kiwari jadi anggota Wantimprés.

Jan Darmadi (Jauw Fok Joe) téh anggota Déwan Pertimbangan Présidén (Wantimprés) 2015-2019 anu dilantik Présidén Joko Widodo dina 20 Januari 2015. Jan kalibet dina kasus pembelian tanah éta kusabab nalika kajadian transaksi manéhna minangka Ketua Umum Yayasan Keséhatan Sumber Waras.

Bareng jeung Kartini Mulyadi, anu ngajabat minangka ketua yayasan, Jan nanda-tangan surat penawaran tanah anu disodorkeun ka Gubernur DKI Jakarta Basuki ‘Ahok’ Tjahaja Purnama. Jan jeung Kartini mangrupa tokoh senior anu jadi panutan pikeun kalangan keturunan China kusabab kesuksésanana. Kaasup suksés dina ngagarong duit Nagara.

Surat anu ditéken duét Jan jeung Kartini téh dibikeun ka Engko Ahok 7 Juli 2014, kalawan tawaran harga Rp. 755,69 miliar. Euweuh pengecékan ka lapangan saperti lazimna hiji penawaran, isukna dina tanggal 8 Juli, Ahok langsung maréntahkeun ka Kepala Bappeda DKI (anu ayeuna dijadikeun calon Wakil Gubernur wakil Ahok) pikeun nganggarkeun pembelian tanah éta dina APBD-P DKI 2014.

 

Basaria Panjaitan Pelindung Koruptor.

Wakil Ketua KPK Basaria Panjaitan tanginas buru-buru nyieun statemén yén dina kasus pembelian lahan Rumah Sakit Sumber Waras lain korupsi. Hartina KPK nyalahkeun BPK.  Atawa KPK rék nyalametkeun Engko Ahok jeung Engko Jan?

Tanpa préstasi anu luar biasa, Basaria Panjaitan jadi polisi wanita kahiji anu nyandang pangkat bintang dua alias Inspéktur Jénderal. Wanita Batak kelahiran Pematang Siantar, Sumatera Utara, dina 1957 ieu ogé mangrupa wanita pertama anu kapilih jadi Komisionér KPK (Komisi Pemberantasan Korupsi). Hébat pisan.

Tapi lamun ditalungtik, nyatana Basaria biasa-biasa baé. Teu aya préstasi anu punjul. Malah sanggeus boga pangkat Birgjén, karirna salaku pulisi saolah-olah mentok. Manéhna kungsi lima taun manggul pangkat bintang hiji. Kacirina Basaria bakal berahir di dinya. Tapi karirna ujug-ujug moncorong sanggeus kabinét anyar dibentuk ku présidén terpilih Joko Widodo alias Jokowi. Di jero kabinet aya Luhut Panjaitan, dulur samarga Basaria, anu ngajabat Menkopolhukam.

Lain éta wungkul. Luhut téh sobat dalit kulawarga Présidén Jokowi anu baheulana nyaéta pedagang meubel di Solo. Malah sacara haharwosan sering kadéngé berita yén Luhut Panjaitan anu saenyana ngadalikeun pamaréntahan ayeuna. Mungkin kabar éta dileuwih-leuwihkeun teuing. Tapi anu pasti, Luhut jeung Jokowi mémang geus lila boga hubungan deukeut.

Nya Oktober anu kaliwat, pangkat Basaria ogé naék jadi Inspéktur Jénderal Polisi. Teu cukup sakitu. Ngan dina waktu dua bulan, Desémber kaliwat, Basaria kapilih jadi Wakil Ketua Komisi Pemberantasan Korupsi (KPK). Manéhna jadi wanita pertama di republik ieu anu jadi Wakil Ketua di lembaga pemberantas korupsi anu ngadeg dina jaman Keprésidénan Mégawati Soekarno Putri, taun 2000-an.

Ku konstélasi kawas kitu, Basaria ogé kaciri boga pangaruh jeung kuasa besar di KPK. Buktina, Basaria wani nyieun pernyataan pérs pikeun nétélakeun yén teu ditemukeun tindak korupsi dina kasus pembelian lahan Rumah Sakit Sumber Waras ku Pemda DKI Jakarta.

Basuki Tjahaja Purnama alias Ahok, Gubernur Jakarta, dianggap nyaho jeung kabaud dina pembelian lahan anu nurutkeun pemeriksaan BPK (Badan Pemeriksa Keuangan) ngarugikeun keuangan Pemda DKI anu gedéna Rp. 191 milyar. Ku kabaudna dina perkara korupsi éta, Ahok tangtu bakal kahalang pikeun nyalonkeun deui dirina minangka Gubernur Jakarta. Malah salah-salah Ahok bisa asup bui. Ayeuna Basaria Panjaitan nyalametkeun manéhna.

Padahal kasus ieu kabongkar berkat hasil pemeriksaan atawa audit anu dilakukeun ku BPK. Hartina, ieu lain kasus heuheureuyan. Malahan Gubernur Ahok kungsi dipariksa BPK dina tanggal 23 Novémber 2015. Tina éta pamariksaan katohyan lamun Gubernur Ahok turut bertanggung-jawab kana pembelian lahan ku Pemda DKI kalayan ngagedékeun harga (mark-up) tanah. Komo kanyahoan Gubernur Ahok wanoh akrab jeung Nyonya Kartini Mulyadi, Ketua Yayasan Rumah Sakit Sumber Waras, pemilik lahan anu dibeuli ku Pemda DKI pikeun lokasi pangwangunan Rumah Sakit Jantung.

Buyut Ahok Nepika Kawan Ahok.

Dina 7 Desémber 2015, BPK masrahkeun kasus ieu ka KPK. Perlu diingetan yén BPK mangrupa hiji-hijina auditor Nagara anu ditunjuk UUD 1945.

Pengurus KPK waktu harita geus mempelajari ieu perkara. Salah saurang Wakil Ketua KPK malahan kungsi ngungkapkeun ka Wakil Ketua DPR-RI Fadli Zon (saperti diungkapkeun ku Fadli Zon ka pérs), yén Gubernur Ahok terlibat dina korupsi jual-beli lahan Sumber Waras. Tapi Ahok can sempet dinyatakeun salaku tersangka. Soalna, masa jabatan pengurus KPK berakhir jeung waktu harita geus dipilih pengurus KPK anu anyar ku DPR-RI.

Anéhna ayeuna Wakil Ketua KPK anu anyar Basaria Panjaitan wani nétélakeun ka wartawan yén teu kapanggih unsur korupsi dina kasus lahan Rumah Sakit Sumber Waras. Hartina, Gubernur Ahok ogé terbébas tina perkara korupsi. Hartina, Ahok bisa nyalonkeun diri salaku Gubernur Jakarta berkat Basaria Panjaitan.

Pertanyaanna ayeuna, Naha Basaria Panjaitan bet nyalametkeun Ahok? Naha kusabab motif SARA (suku, agama, rasial, antar-golongan), atawa motif séjén? Kabeneran Ahok jeung Basaria Panjaitan sasama penganut Kristen? Tapi kacirina aya alesan anu séjén.

Teu meunang dipopohokeun yén Ahok berteman jeung Présidén Jokowi. Duanana nyaéta pasangan calon Gubernur jeung Wakil Gubernur DKI Jakarta anu kapilih dina pemilihan kepala daérah (Pilkada) DKI Jakarta dina 2012. Terus sanggeus Jokowi kapilih jadi présidén, Ahok ogé naék jadi Gubernur Jakarta. Nya manéhna néangan alesan pikeun ngundurkeun manéhna ogé néangan alesan pikeun ngundurkeun diri ti Partai Gerindrai. Mémang saméméhna Ahok geus sababaraha kali gunta-ganti partéy. Katénjona dina pangdeuleu Ahok partéy-partéy ukur dimangpaatkeun luyu jeung kapereluan katut kauntungan pribadina.

Aya anu boga pamanggih yén Présidén Jokowi pisan babaturan dalitna Luhut Panjaitan boga jasa alus nyalametkeun Ahok tina jiretan perkara korupsi pembelian lahan Rumah Sakit Sumber Waras anu keur diusut KPK.

Lamun berita ieu bener tanwandé ieu kabéh teu meunang diantep. Korupsi mangrupa masalah gedé anu ayeuna ngagorogotan bangsa Indonésia. Rahayat miskin hésé nyiar rejeki unggal poé ngan pikeun néangan sesuap nasi, bari para pejabat hirup méwah ku duit jarahan korupsi. Jeung ieu kajadian nalika Indonésia digembar-gemborkeun geus asup kana sistem Nagara démokratis.

Geus lain rasiah deui lamun pemiliihan Kepala Daérah ti mimiti Bupati nepika Gubernur mangrupa ajang korupsi gedé-gedéan. Dana puluhan nepika ratusan milyar dibéakeun ku unggal calon dina pilkada, lamun hayang kapilih. Dana éta pikeun ngabiayaan Tim Suksés, kampanye, jeung malahan pikeun méré amplop pikeun rahayat anu milih.

Naha kasus Sumber Waras kajadian kusabab Ahok keur siap-siap nyanghareupan pemilihan Gubernur Jakarta? Komo deui Ahok bakal maju ngaliwatan jalur indepénden, lain partéy politik saperti nalika manéhna jeung Jokowi baheula kapilih. Kukituna Ahok pasti butuh dana anu leuwih gedé. Buyut Ahok, Incu Ahok, Anak Ahok, atawa Batur Ahok, atawa naon waé ngaranna mah, bakal kampanye ngameunangkeun Ahok. Jeung maranéhna anu can boga pangalaman pasti kabéhanana butuh dana anu leuwih gedé. *** (MAF/BD)

ahok-koruptor