HM. Daud Gunawan : “Nyalametkeun Manusa Tina Azab”

567

DINA kanyataanna anu disebut “sodomi”, boh dina jaman Nabi Luth AS pon kitu deui dina jaman ayeuna sarua waé, nyaéta resep kana “barang anu sarua”, lalaki resep ka lalaki awéwé resep ka awéwé, alias resep ka anu sajenis. Anu jadi pasualanna mah kunaon dina jaman ayeuna bet kajadian deui. Jaman Nabi Luth AS Islam téh apan can turun sakabéhna. Kitabna ogé can turun. Jahiliyah harita masih hébat pisan. Ayeuna lampah nirca kitu téh kajadian deui nepika aya anu boga anggapan yén kiwari téh ahir jaman. Hal ieu téh saenyana mah balukar teu difungsikeunna Islam anu dilungsurkeun Allah SWT ngalangkungan Jibril AS nyaéta al-Quran salaku hudan lin-nas. Jadi manusa anu teu maké piduduh ti Allah katut Rosul-Na, nya baris maké pituduh hawa napsuna. Jadi, pangéranna téh hawa napsu.

Kusabab pangéranna téh hawa napsu, nya ulah héran upama aya jalma resep ka sasama jenis. Tapi sanggeusna turun al-Quran, turun wahyu, hartina geus aya pituduh. Saha manéhna, arék ka mana manéhna, arék naon hirup di dunya ieu. Pan manéhna téh salaku abdi-Allah. Upama manéhna ngaku salaku abdillah, teu mungkin resep ka jalma anu sajenis jeung dirina. Sabab diaping ku dinullah, ku Islam, ku al-Quran katut sunnah Rosul. Nepika sok sanajan ka manéhna aya godaan Syétan, manéhna baris nyaho yén hal éta téh sasar. Jadi kasasaran-kasasaran anu kajadian kiwari téh, naon waé ngaranna mah, utamana “sodomi”, éta balukar teu apal yén manéhna téh abdi-Alloh. Lamun lain abdi-Alloh, nya abdi-Syétan atawa abdi Thoghut. Kusabab kitu saur Alloh, “Poma ulah nutur-nutur léngkah Syétan”.

Saterusna kusabab manéhna teu nyaho saha dirina jeung ka mana tujuanna, nya manéhna teu ngagunakeun Islam salaku system atawa salaku pituduh hirupna. Upama hiji jalma balik kana system Islam, insya Alloh moal kagoda ku Syétan, moal milampah nirca kawas “sodomi”, kusabab geus aya pitutuduh téa. Ari jaman Nabi Luth AS mah bisa disebut can lengkep, can lengkep pituduhna, sabab al-Quran can kabéh turun. Tapi pan kiwari mah al-Quran geus turun kabéh. Mayoritas ayat-ayat al-Quran téh pituduh hirup, anu nyaritakeun saha diri hiji jalma, ti mana asalna, kumaha prosés manéhna bisa lahir di dunya, iraha ngadeuheus ka Alloh SWT. Manéhna nyaho, yén hiji waktu baris ngadeuheus ka Alloh SWT, anu ngalaman dua prosés.

Prosés ka hiji manéhna paéh tina kahirupan dunya, terus ka alam barzah. Sanggeus di alam barzah ngadagoan kiyamat. Dina poé kiyamat baris diitung kalawan total ku Alloh SWT. Naha manéhna loba nyieun amal hadé atawa henteu. Naha nutur-nutur léngkah Syétan atawa nuturkeun dinullah. Balukar anu dua ieu, nya kajadian anu saperti kitu. Jadi, lampah nirca saperti “sodomi” mah balukar manusa nutur-nutur léngkah Syétan, nutur-nutur kahayang hawa napsuna, teu ngagugu kana dinullah. Al-Quran nandeskeun, “Hé jalma-jalma anu ariman prak arasup Islam kalawan sapuratina, jeung poma ulah nutur-nutur léngkah (talajak) Syétan”. Jalma-jalma anu méngpar tina Islam, anu boga lampah nirca saperti “sodomi” mah hartina jalma-jalma anu nutur-nutur talajak Syétan.

Kusabab kitu, upama aya mangkeluk muslim anu aktif di HAM laju ditolak ku Islam, teu kudu nyebut ngarempak HAM. Sabab ieu téh lain ukur maksiat tapi ngaruksak tatanan kahirupan manusa umumna, hususna umat Islam. Sabab budaya anu kawas kitu téh budaya Syétan. Kusabab budaya Syétan nya kudu ditolak. Sabab dina tungtung ayat tadi disebutkeun yén ”Syétan téh musuh anu nyata” anu kudu dijauhan, pikeun maranéh anu ariman. Jadi urang ogé teu ngarempak HAM upama nolak “sodomi” téh. Upama urang anu nolak “sodomi” disebut ngarempak HAM, nya jalma anu nyebutkeun kitu kaasup mangkeluk anu ngingiclik talajak Syétan. Jadi jalma-jalma anu aktif di HAM ogé kudu diajar Islam anu bener atuh.

Jalma-jalma anu nolak “sodomi” mah teu ngarempak HAM, tapi hayang nyalametkeun manusa tina azab. Jalma-jalma anu ngalakukeun panyimpangan kawas “sodomi” ku urang rék disalametkeun. Sabab ajaran Islam nyebutkeun, “Tulungan jalma anu dlolim atawa jalma anu keur didlolim”. Sabab jalma anu resep ka sasama jenis téh kaasup jalma anu keur ngadlolim dirina. Ku urang rék disalametkeun dibalikkeun ka asalna, sabab maranéhna téh abdi Alloh. Jadi, jalma-jalma anu aktif di HAM téh kudu dialajar al-Quran jeung as-Sunnah, sangkan nyaho yén jalma-jalma anu ngalakukeun panyimpangan kawas resep ka jalma anu sajenis téh pasalia jeung Islam, nolak Islam. Tong boroning jeung ajaran Islam, jeung palsapah nagara urang anu katelah Pancasila ogé pasalia. *** (Ki Udin/BD)