Genep Perkara anu Disanghareupan Ku Hiji Mumin

659

UPAMI ningali kana tingkatan yuswa, anu disebatkeun dina al-Quran, ieu téh méh sami sareng sumpah-sumpah Alloh ngeunaan potongan waktu. Upamana Alloh sumpah ku:
Kahiji, Wal fajri, demi waktu shubuh. Da wal fajri dina al-Quran mah shubuh éta téh. Geuningan dina surat Al Isro (17) ayat 78, “……. Wa quránal fajri. Atanapi Kangjeng Nabi SAW nyebatkeun, Rok’atáni qoblal fajri khoirun minaddunyá wa máfiiha… Tah qoblal fajri, didinya hartosna sanés sholat fajar, tapi qobla shubuh. Wal fajri téh mun di manusa mah ibarat anu karék lahir. Saba’da ieu, sumping anu
Kadua, Washshubhi. Anu dina al-Quran mah maksadna téh demi waktu isuk-isuk. Ibarat murangkalih anu dina al-Quran mah dilebetkeun kana balagho haulain kámilaini, umur dua taun, dina mangsa keur nyusu. Dina umur nyusu ieu, apan dianjurkeun ku Alloh, ka ibu-ibu anu ngagaduhan murangkalih, kedah ngaenénan murangkalih téh dua taun campleng. Demi didinya téh mangrupa mangsa-mangsa panyampuraan orhan-orhan awak. Sarengna deui ci susu ibu téh kalintang pisan pentingna, sabab ngandung 12 unsur énzim anu diperlukeun ku awak murangkalih. Tah disebatna téh balagho haulaini kámilaini. Atanapi, hamalathu ummuhuu wahnan ‘alá wahnin wa fishshóluhu fii ‘ámaini…… Antawis ‘ámun sareng haulain téh sami. Jadi, saba’da dua taun mah kedah disapih. Naon margina? Margi cisusu ibu parantos teu ngandung unsur-unsur anu penting kanggo murangkalih.

Katilu, wadldluha, demi waktu dluha.Tah ieu téh, mun diibaratkeun kana umur mah, disebat balagho ma’ahu sa’ya. Umur budak anu geus bisa babantu ka anu jadi indung bapana, atawa anu disebut mangsa rumaja. Éta istilah téh dilandikeun ka Nabi Ismail kapungkur, “Falammá balagho ma’ahu ssa’ya …..”. (Ash Shoffat : 102).
Tah ieu téh hartosna mangsa rumaja. Dluha téh keur meujeuhna haneut moyan, saperti haneutna mangsa anu can aya tanggung jawab, can aya kasusah, acan aya risiko jeung réa-réa deui dina mangsa rumaja mah. Anu dina isitilah arab na mah mangsa murohéq.

Kaopat, saba’da mangsa éta muncul sumpah Alloh anu salajengna nyaéta; wannahári idzá tajalla, demi waktu siang anu caang ngempray, panas nongtoréng nyaéta waktu dluhur tea. Asup kana waktu lohor téh éta nincak kana dua mangsa, nyaéta balagho asudda jeung balagho arbaiina sanah. Upami ningali kana al Ahqof ayat 15, ieu téh umur anu disebut, balagho asuddaa jeung balagho arbiina sanah.., nyaéta umur déwasa. Geus mimiti pararanas, sabab geus rumah tangga. Loba panas itu, loba panas ieu téa. Kapanas haté, sabab acan boga imah, acan boga kendaraan, can boga naon-naon, matak paranas haté. Tah dugi ka dinya mah acan aya katangtosan anu disebut titik tolak pentingna urang tatahar dina nyanghareupan umur anu saterusna.

Opat puluh taun téh mangrupa panangtuan umur pikeun saban muslim. Sabab didinya manéhna kudu ngabogaan tanggung jawab kana genep perkara, saperti anu kaunggel dina surat al-Ahqof di luhur. Kumaha pesen-pesenna Alloh ka jalma nu geus nincak umur opat puluh taun.
Alloh ngadawuh, “Robbi au ji’nii an asykuro ni’mataka allatii an amta ‘alayya wa ‘alá wa lidayya wa an ‘amála shólihan tardlóha….. Ieu anu pentingna tina ayat diluhur téh.
Lamun ku urang diperhatoskeun kaistiméwaanna Islam, ngeunaan léngkah-léngkah kahirupan anu disorang ku manusa.

Genep perkara anu disanghareupan ku hiji mumin, ti kawit mangsa déwasa tug nepi ka umur opat puluh. Naon margina Islam netepkeun opat puluh. Seueur anu medar opat puluh téh, tapi ari dina Islam mah henteu patos seueur teuing koméntarna. Nurutkeun psikologi, umur opat puluh téh, puber kadua cenah, atawa beger mindo téa mun cék urang Sunda mah. Cék urang kulon atawa Barat mah mangsa Renaicance, hartina kalahiran nu kadua. Ari cék Islam mah mangsa déwasa, anu keur meujeuhna asak, matak opat puluh. Naon margina? Rata-rata para rosul, diangkatna ku Alloh janten Rosul téh nincak kana umur opat puluh taun. Pék dibandungan, Nabi Musa, Nabi Harun, Nabi Muhammad SAW, margi éta yuswa anu sampurna (asak) na. Dugi ka Sayyidina Ali RA, kantos nyarios, “Lamun aya nu ngabéjaan ka kuring, hiji gunung pindah ti tempatna, kuring rék percaya, tapi lamun anu ngabéjaana ka kuring, hiji jalma nu nincak kana umur opat puluh taun pindah tabéatna, kuring rada mikir heula”. Sabab mindahkeun tabéat ti kawit opat puluh mah éta kacida pisan héséna. Kumargi kitu, kacida pisan pentingna urang merhatikeun angka opat puluh ieu. Panangtuan, lamun rék mangprung, mangprung. Lamun arék tunduk, tunduk. Lamun arék getol, getol, lamun arék mumul kedul, kedul, éta dina umur opat puluh. Kumargi kitu, ku Alloh urang dipépélingan. Umur opat puluh téh penting pisan. Tapi sing inget, éta opat puluh téh nurutkeun kalénder Islam, kahadé ulah opat puluh nurutkeun kalénder maséhi, sabab bénten pisan.
Jadi, kacida pisan saéna, upami kadang wargi sadayana kaom muslimin nyatet kalahiran murangkalih téh ku kalénder Islam, supados kauninga kana watesan umurna.

Kawajiban anu kudu dipraktekkeun ku jalma anu nincak kana umur opat puluh téh aya genep, nyaéta;
Hiji, Nyuhunkeun kakiatan ka Alloh supados tiasa syukur kana sagala ni’mat anu dipuragkeun ku Alloh ka manéhna. Pék tataan sagala ni’mat-ni’mat anu parantos dipaparinkeun ku Alloh, ti mimiti lahir nepi ka umur opat puluh, éta kacida pisan balatakna. Inná a’athoináka al kautsar, saéstuna Kami geus méré ka hidep al-kautsar, rupa-rupa ni’mat anu pohara lobana. Éta lain keur nabi wungkul. Nabi nalika nampi ieu wahyu parantos nincak kana opat puluh taun.
Jadi, urang ogé dina nalika geus nincak kana umur opat puluh mah geus loba narima anugerah ti Alloh saperti nabi anu dipépélingan ku Alloh.

Ngaronjatkeun kualitas syukur kana ni’mat téh, nyaéta carana ku ningkatkeun syukur-syukur, anu komponénna téh nyaéta, (1). Dzikrul mun’im, henteu weléh éling, émut atawa dzikir ka anu maparinan ni’mat, minimalna ku ucapan al hamdulillah. (2). Tho’atul mun’im, taat ka anu maparinan ni’mat. Ari saukur ngucapkeun alhamdulillah mah urang Kristen ogé bisaeun, tapi maranéhna teu taat ka Alloh. (3) shorfu ni’am fiimaa yardlohul mun’im, ngalarapkeun sagala rupi kani’matan dina perkara anu dipikaridlo ku anu maparin ni’mat. (4). Ta ahhuddun ni’am, miara ni’mat, ngawétkeun ni’at, miara ni’mat.
Tah éta téh kaasup komponén syukur. Boga imah piara, boga ingon-ingon piara, boga pamajikan atawa anak éta kudu dipiara, jeung réa-réa deui, kaasup boga awak ogé kudu dipiara, saperti kaséhatanna. Anu kitu téh syukur kana ni’mat.
Opat komponen ieu sakaligus lamun dihijikeun ngarupikeun butir-butir syukur ka Alloh. Ti kawit dzikir ka Alloh, lajeng taat ka Mantenna, ngalarapkeun ni’mat di jalan anu dipikaridlo ku Mantenna bari terus dipiara éta ni’mat téh saumur hirup sapuratina.

Dua, Ningkatkeun syukur kana ni’mat anu dipuragkeun Alloh ka ibu-rama. Jadi tétéla Islam ngébréhkeun ka urang supados palaputra téh, tiasa nganuhunkeun ka ibu-rama kana sagala rupi kasaéanna, jasa-jasana. Manéhna jadi kitu téh kulantaran jasa ibu-rama. Urang kudu milu mangsyukurankeun ka indung-bapa. Nyaéta Alloh parantos muragkeun sagala rupi kani’matan-kani’matan kieu, nepi ka urang jadi kieu, urang jadi jelema, jadi mangpaat keur batur, ku ayana pendidikan ti anu jadi ibu rama anu ngurus urang, ti mimiti ngongkoak nepi ka ngungkueuk.
Tilu, Wa an ‘amála shólihan tardlóh, nyuhunkeun kakiatan ka Alloh, pikeun ngalakukeun sagala rupi kagiatan amal-amal sholéh anu dipiridlo Alloh. Pagawéan naon baé anu hadé éta kaasup amal sholéh. Lamun amal sholéh éta pakaitna jeung ibadah, nya jelas syaratna téh aya tilu. Saperti anu kaunggel dina surat al Bayyinah ayat 5. Yén prinsip-prinsip anu kedah aya dina diri hiji jalma mumin téh nyaéta prinsip mukhlisin, lahuddin sareng hunafaa, hartina ihlas lilláhi ta’ala, showab hartina bener luyu jeung aturan-aturan anu dicontokeun ku Kangjeng Nabi SAW jeung Hanif nyaéta kacondongan kana ridlo Alloh.
Amal kakara bakal kaci, amal atawa pagawéan bakal dipikaridlo lamun nyumponan kana tilu standar tadi. Lamun sakadar ihlas wungkul tapi teu eucreug dina ngalaksanakeunna, nya punten. Kitu deui ihlasna mah tarik, conto tuladan nabi dijalankeun, tapi condongna kana urusan haliyah dunya. Ibadahna téh hayang maju, naék pangkat, jabatan, punten éta ogé moal dipikaridlo. Jadi tilu hal éta kudu diperhatikeun pisan ku jalma nu geus nincak kana umur opat puluh taun. An ‘amála sholihan tardloh.
Opat, Wa ashlihlii fii dzurriyyatii, jeung nyuhunkeun bantuan ka Alloh téh sangkan bisa nyolehkeun turunan. Tuuh, nya opat puluh taun mah geus boga turunan. Nyoléhkeun turunan ku pirang-pirang usaha jeung upaya, luyu jeung aturan Islam, bari terus didu’akeun ku urang, sangkan jadi murangkalih anu soléh. Dina hal ieu para nabi saperti anu dikisahkeun Alloh dina al-Quran nyontoan ka urang sadayana. Saperti Nabi Ibrohim, apan nyuhunkeunna téh robbii hablii minashshólihin. Anjeunna henteu nyuhunkeun robbi hablii minal ghonii, atawa minal aghniya. Henteu pisan-pisan nyuhunkeun turunan anu baleunghar tapi anu saroleh. Hartina pék téh teuing rék jadi naon ogé asal sholéh. Margi bakat jalma mah teu sami, saban jalma boga tujuan anu teu sarua. Mangga téh teuing rék jadi ABRI, Pulisi, atawa guru, dosén atawa naon baé ogé asal soléh. Pon kitu deui nabi-nabi sanésna saperti nabi Zakariyah, apan du’ana téh, robbi hablii min ladunka dzurriyyatan thoyyiba. Dzuriyyah anu kumaha? Anu thoyyibah atawa anu saé.
Saba’da urang boga program rék nyoléhkeun budak, nyaéta ku cara dipasantrénkeun anu pasantrén nu rada modéren lah, anu ngawengku kana pendidikan umum jeung husus, nepi ka jadi ulama nu intelék. Saba’da kitu asup kana hambalan anu salajengna, nyaéta:
Lima, Tatahar naratas jalan, ngawitan babalik pikir, ngajugjug ka Alloh. Tah wayatuubu téh tina anaba-yunibu, hartina téréh balik ka Alloh, ari geus umur opat puluh mah. Lamun teu dikawitan ti umur opat puluh mah sok rada hararésé. Ibadah hararésé, komo ngawitan ti umur genep puluh, geus tingaleun karéta api. Bakal hésé dikawitanna lamun ti umur opat puluh geus teu eucreug mah.
Genep, Wa innii minal muslimiin, sayaktosna abdi téh kalebet jalma nu pasrah ka Alloh, nepi ka geletuk maot téh Alloh pesen, walá tamuutunna illaa wa antum muslimuun. Tos kitu datang mangsa, anu salajangna nyaéta;
Kalima, wal ‘ashri, demi waktu ashar. Lamun diibaratkeun kana umur mah ieu téh balagho al kibaru sanah, atawa usia ujur, kolot. Wa qod balaghtul kibari itiyya…
Kagenep nembé walaili, atawa balaghol ajal, mangsana ngantosan malaikat nyampeur ka urang. ***