ÉPISODE PULITIK BULAN ROMADHON

586

Pilprés 9 Juli 2014 pas dilaksanakeun dina bulan puasa. Sakumna ummat Islam focus ngalaksanakeun ibadah puasa, sholat tarawéh jeung ngaregepkeun tausiyah ti para ustadz,  kiayi, ulama. Lobana ummat Islam anu museur di masjid-masjid, tajug jeung mushola bakal jadi daya tarik pikeun para calon Présidén/Wakil Présidén anu bakal tarung dina Pilprés 2014. Mesin partéy pulitik jeung para tim suksés bakal nyulusup kana momen éta réligi taunan.

Jokowi-JK diusung ku partéy-partéy sékulér kayaking PDIP, Nasdem, Hanura. Hiji-hijina ‘partéy Islam’ anu mahiwal ngarojong Jokowi nyaeta PKB bari ampir sakabéh partéy Islam atawa anu basisna muslim ngarojong Prabowo-Hatta. Momentum bulan Ramadhan bakal dimangpaatkeun ku partéy jeung ormas Islam pikeun nyadarkeun tur ngarahkeun dukungan ka pasangan Prabowo-Hatta.

Pemandangan jeung situasi bulan Ramadhan taun ieu pasti béda jeung situasi dina bulan séjénna. Béda, kusabab bakal loba Caprés/Cawaprés jeung tim suksésna anu ngadadak jadi rajin unggah ka masjid. Nya ari keur urang mah atoh wéh nénjo calon pajabat rarobah jadi rajin ka masigit. Sanajan éta parobahan téh kakara katanggar tina penampilanna wungkul, sanajan can puguh dina pola kapamingpinanana. Sabab di urang mah loba tindakan pamingpin téh ngan sawates pencitraan wungkul.

Saenyana rahayat urang téh geus palinter tur bisa maca gerak-gerik Caprésna, nepika naon waé anu dilakukeun ku maranéhna moal bakal mangaruhan. Anu diperlukan ku rahayat mah nyaéta tindakan anu tulus jeung ihlas pikeun ngaheulakeun kapentingan rahayat.

Tapi anu leuwih penting mah urang miharep sangkan Présidén nu dihasilkeun téh enya-enya ngabogaan sumanget jeung spirit Romadhon. Ari salah sahiji spirit bulan Romadhon nyaéta ayana parobahan. Muga-muga lahir Présidén anu boga tékad jeung upaya pikeun ngarobah Indonésia jadi nagri anu Islami tur ngalarapkeun syaré’at Islam. Sabab numutkeun sunatulloh, parobahan téh kudu diperjuangkeun; saperti dawuhan Alloh dina Al-Quran: “Saéstuna Allah moal ngarobah kaayaan hiji kaum nepika maranéhna anu ngarobah dirina sorangan…” [Q.S. ar-Ra’d 13:11]

Urang saréréa tangtuna mikahayang bulan Romadhon anu mulya ieu dipungkas henteu ngaliwat kitu wungkul tanpa ajén positif anu nerap dina diri urang, kulawarga, masarakat, bangsa jeung nagara. Geus wancina bulan Romadhon dijadikeun minangka momentum perubahan menuju kebangkitan Islam anu dimimitian ku parobahan dina diri urang salaku ummat Islam.

Romadhon dipikawanoh ku syahrul tarbiyah (bulan atikan), ku sakitu jalma anu ngaliwatan mangsa atikan sajatina nuduhkeun ayana parobahan atawa peningkatan ajén positif dina dirina atawa lingkunganana anu saméméhna can kaciri atawa can optimal.

Sangkan meunang hasil anu optimal tina runtuyan ibadah Romadhon, ku ngamaknaan Romadhon minangka momentum parobahan, tangtuna urang kudu enya-enya paham kana prosés tina éta parobahan. Kajian tina sababaraha sumber sahenteuna aya genep tahapan prosés parobahan anu kudu ditempuh sacara konsisten tur berkesinambungan nyaéta:

Kahiji, ngawangun kasadaran, nyaéta kasadaran ngeunaan pentingna ngalakukeun parobahan ngaliwatan rupa-rupa upaya jeung perjuangan. Perlu diinget yén parobahan mangrupa élemén utama siklus kahirupan manusa. Tanpa parobahan manusa moal bisa ngalangsungkeun hiji siklus kahirupan, kusabab hirup ieu mangrupa mata rantai aktivitas (tahapan parobahan). Teu aya kasuksésan, kahadéan, mangpaat atawa parobahan tina goréng jadi leuwih alus kajaba ngaliwatan parobahan.

Kadua, numuwuhkeun kayakinan. Urang kudu yakin yén ‘iman jeung taqwa’ anu jadi targét parobahan mangrupa modal utama pikeun ngajul kabagjaan boh di dunya atawa di ahérat. Beuki luhung darajat iman jeung taqwana nya bakal leuwih deukeut ka Alloh SWT.

Katilu, niat anu kuat atawa ngabuleudkeun tékad. Tahap katilu ieu nyaéta tahap ngawangun komitmen diri, nyaéta bajuang ngalakukeun parobahan dina raraga ngaronjatkeun kaimanan jeung katakwaan.

Kaopat, mahamkeun élmuna. Sanajan urang boga tékad anu kuat jeung perencanaan anu asak, tapi saupama henteu nyaho kumaha carana atawa teu apal élmuna pikeun ngajul tujuan parobahan, tangtu moal meunang hasil anu maksimal. Semarak Romadhon kuduna dijadikeun momentum pikeun ngajembaran ambahan jeung pangaweruh ngeunaan ngaronjatkeun kualitas diri. Saur Syékh Abdullah Nasih ‘Ulwan dina bukuna ‘Ruhniyatut Da’iyah’ aya lima léngkah (5 M). Nyaéta Mu’ahadah (Ikrar manusia ka Alah); Mujahadah (Enya-enya dina milampah ibadah); Muraqabah (ngarasa salilana dipencrong ku Allah SWT); Muhasabah (introspeksi diri); jeung Mu’aqabah (méré sanksi kana diri sorangan).

Kalima, Istiqomah. Nyaeta consistén dina jalan Allah ku cara ngaréalisasikeun rencana tur ngamalkeun élmu anu geus dipimilik.

Kagenep, ngarawat atawa ngajaga ajén-ajén jeung kabiasaan positif dina bulan romadhon.

Sanggeusna Romadhon réngsé urang kudu tampil jadi pembaharu anu mampuh ngalakukeun parobahan diri jeung lingkungan sabudeureun nuju kana kebangkitan Islam.

Dina élmu social disebutkeun yén manusa téh minangka ‘agén perubahan’ (social change). Tangtuna parobahan henteu hol ngadadak, tapi parobahan téh aya kusabab ayana hiji perkara anu jadi sabab tina éta parobahan.

Bulan Romadhon méré sumbangsih gedé kana parobahan manusa. Unggal muslim nalika asup ka bulan Romadhon bakal ngabogaan control social anu kacida kuatna. Kondisi jiwana jadi leuwih réligi dibanding dina bulan séjénna. Romadhon mampuh ngarobah cara pandang, cara mikir jeung tingkah-laku kaum muslimin. Nya muga-muga wé dina cara milih pamingpin ogé sing béda ari dina bulan puasa mah. Milihna henteu sagawayah atawa teu lalawora. Tapi milih pamingpinna didasaran ku aqidah, kayakinan tur ajaran agama Islam. Sarta nolak ka pamingpin anu sékulér anu ngajadikeun agama jadi kaulinan. *** (MAF/BD)